Porsenitas X Taun 2023 Dibarengkeun jeung Mieling Hari Jadi ka 533 Kabupaten Majalengka

- 1 Juni 2023, 09:00 WIB
Bupati Majalengka  ngukuhkeun atlet Porsenitas X taun 2023 Kabupaten  Majalengka (30/05/2023) di Pendopo Gedong Negara Pemkab Majalengka. Taun ayeuna mieling Hari Jadi ka 533 Kabupaten Majalengka dibarengkeun jeung Porsenitas X taun 2023.
Bupati Majalengka ngukuhkeun atlet Porsenitas X taun 2023 Kabupaten Majalengka (30/05/2023) di Pendopo Gedong Negara Pemkab Majalengka. Taun ayeuna mieling Hari Jadi ka 533 Kabupaten Majalengka dibarengkeun jeung Porsenitas X taun 2023. /Ayank/Galura

GALURA - Kabupaten Majalengka jadi pribumi jeung panyalagra Pekan Olahraga dan Seni Antar Daerah Perbatasan X taun 2023 (Porsenitas X taun 2023) bareng jeung mieling Hari Jadi ka 533 Kabupaten Majalengka.

Porsenitas X taun 2023 nu dibarengkeun jeung mieling Hari Jadi ka 533 Kabupaten Majalengka teh bisa diturutan ku kabupaten atawa kota sejenna nu kabagean jadi pribumi Porsenitas: nganintegrasikeun Personitas jeung mieling hari jadi kabupaten atawa kota.

Hal eta ditetelakeun ku Bupati Majalengka, nalika ngukuhkeun atlet Porsenitas X taun 2023 Kabupaten Majalengka (30/05/2023) di Pendopo Gedong Negara Pemkab Majalengka. “Hari Jadi ka 533 Kabupaten Majalengka dibarengkeun sareng Porsenitas X taun 2023, kaleresan Kabupaten Majalengka janten pribumi,” pokna.

Baca Juga: Head Line Galura Cetak I Juni 2023, Kabupaten Ciamis Jadi Kabupaten Galuh Ulah Ngikis Jati Diri Tatar Ciamis

Dina acara ngukuhkeun atlet Porsenitas X taun 2023 Kabupaten Majalengka diluuhan ku Wakil Bupati, Ketua DPRD, Forkopimda, sakumna kepala OPD, camat sarta atlit.

Bupati Majalengka nyebutkeun ka hareupna kabupaten atawa kota nu jadi pribumi Porsenitas ngaintegrasikeun jeung momentum hari jadi kabupaten atawa kotana.

Pamilon Porsenitas 2023, 10 daerah tingkat II, aub dina Kirab Budaya nu dilaksanakeun tangga 8 Juni 2023. “Ku kituna, sim kuring meredih ka panitia Porsenitas 2023 jeung ka panitia Hari Jadi ka 533 Kabupaten Majalengka supados terkoordinasi,” ceuk Bupati Majalengka.

Kepala Dinas Pemuda dan Olahraga Majalengka, Yusanto Wibowo, netelakeun sapuluh kabupaten/kota nu bakal tandang dina ajang Porsenitas X taun 2023 teh Kabupaten Majalengka, Kuningan, Ciamis, Pangandaran, Brebes, Cilacap, Indramayu, Cirebon, Kota Cirebon, jeung Kota Banjar.

Baca Juga: Hari Jadi Kabupaten Majalengka Dumasar Mitos jeung ukur Dilelebah

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Pemilu di Daerah

x