Muskab Vl Kadin Kabupaten Majalengka, Wabup: Pemda Ngarojong Anggota Kadin sangkan Motekar

- 1 Juni 2023, 12:38 WIB
Wabup Majalengka dina Mukab VI Kadin  Kabupaten Majalengka) Rebo, 31/05/2023,  di hotel Horison Kertajati nyebutkeun pemda ngarojong sangkan anggota Kadin maju.
Wabup Majalengka dina Mukab VI Kadin Kabupaten Majalengka) Rebo, 31/05/2023, di hotel Horison Kertajati nyebutkeun pemda ngarojong sangkan anggota Kadin maju. /Ayank/Galura

GALURA - Wabup Majalengka Tarsono D. Mardiana muka Musyawarah Kabupaten VI Kamar Dagang dan Industri Kabupaten Majalengka (Muskab VI Kadin  Kabupaten Majalengka) Rebo, 31/05/2023,  di Hotel Horison Kertajati.

Dina ieu Muskab VI Kadin Kabupaten Majalengka nu dibuka ku Wabup Majalengka teh oge diluuhan ku  Ketua Kadin Jabar, Kapolres Majalengka, Forkopimda, Kadis PUTR, Kadis Perdagin, Kadis DKP3, Kabag Pembangunan, Kadin Kota Cirebon, Kadin Kabupaten Karawang jeung anggota Kadin Majalengka.

Dina biantarana samemeh muka Muskab VI Kadin Kabupaten Majalengka, Wabup Majalengka netelakeun Kadin sayatina teh kandaga tempat ngariung sakumna pangusaha enggoning nu silih bantuan, komunikasi, konsultasi jeung pamarentah pikeun kamajuan hiji daerah.

Baca Juga: DPD KNPI Kabupaten Majalengka Diistrenan, Ulah ukur Katempo dina Mieling Sumpah Pemuda

Pamarentah daerah, ceuk Wabup Majalengka, ngarojong dunya usaha di Kabupaten Majalengka sangkan tumuwuh sarta motekar supaya engkena mere hasil positip ka  masarakat.

"Nalika dunya usaha tumuwuh kalayan hade,   bakal aya lapangan padamelan nu lega supados tiasa ngaronjatkeun karaharjaan masarakat," ceuk Wabup  Majalengka.

Ku ayana kawasan segitiga rebana nu diprogramkeun pamarentah pusat jeung  provinsi, dipiharep bisa mere lolongkrang ka pangusaha lokal pikeun aub dina pangwangunan nu dilaksanakeun ku  pamarentah.

"Kadin janten kandaga sakumna kangge merjoangkeun pengembangan usaha, supados usahawan lokal langkung  guyub tur tanggoh," ceuk Wabup Majalengka.

Baca Juga: Hari Jadi Kabupaten Majalengka Dumasar Mitos jeung ukur Dilelebah

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x