Pemkab Garut Ngawanohkeun Logo Tepung Taun ka-210 Kota Dodol, Taglinena 'Purnamakarya Rucita Wibawa'

25 Januari 2023, 16:15 WIB
Geusan mapag tepung taun atawa hari jadi nu ka - 210 tanggal 16 Pebruari nu bakal datang, Pamarentahan Kabupaten (Pemkab) Garut, ngahaja nyieun logo./Diskominfo Garut /

GALURA - Geusan mapag tepung taun atawa hari jadi nu ka - 210 tanggal 16 Pebruari nu bakal datang, Pamarentahan Kabupaten (Pemkab) Garut, ngahaja nyieun logo.

Eta logo samalah geus diwanohkeun ka balarea ku Pemkab Garut, kalawan make surat edaran resmi ti Bupati Rudy Gunawan.

Surat edaranna (SE) dibere nomer HM.01.01/338/PKP terkait Peringatan Hari Jadi Garut (HJG) ke-210 Tahun 2023, tur diteken ku Rudy Gunawan.

Baca Juga: David da Silva Persib Bandung Siap Makalangan Nyanghareupan Borneo FC, Geus Milu Latihan di Stadion Siliwangi

Baca Juga: DPRD jeung Dinkes Kabupaten Ciamis Meredih Pihak Sakola Nalingakeun Jajanan Barudak

Baca Juga: Tb. Hasanuddin Politikus PDI Perjuangan, Teu Reureuh Ngamumule Seni Budaya Sunda

Dina eta surat edaran ditetelakeun yen tepung taun Garut teh make tagline atawa tema husus, "Purnamakarya Rucita Wibawa".

Sedengkeun logona mangrupa angka "210" nu eusina ornamen-ornamen mangrupa tanda geunaan naon wae nu geus kahontal ku Kabupaten Garut salila 210 taun.

Dina surat edaran eta oge ditetelakeun soal rupaning acara nu bakal digelar dina enggoning mapag tepung taun Kabupaten Garut.

Baca Juga: Jawa Barat teh Geuninganan Provinsi Waduk

Anapon acarana, antarana wae, upacara, sidang paripurna, pagelaran kasenian, pameran, festival jeung kagiatan liannya nu gede mangpaatna, luyu jeung ajen inajen agama sarta kaarifan lokal.

Sajaba ti eta, ditetelakeun oge yen sakumna acara nu digelar dina Hari Jadi Garut (HJG) teh dipiharep dirayakeun ku sakumna masarakat dumasar kana tema peringatan.

 

Dina kateranganana, Asisten Daerah III Bidang Administrasi Umum, Budi Gan Gan, miharep, acara nu digelar dina tepung taun Kabupaten Garut teh bisa jadi ningkatkeun promosi Kota Dodol.

Baca Juga: Jaman Ciamis-Cirebon keur Werit, Ngakalan Begal Disingsieunan ku Bangkong Pabeasan

Lian ti eta, ngundakkeun motivasi dina pangeangunan di Kabupaten Garut.

 

"Harepan sim kuring, acara tepung taun Garut teh aya mangpaatkeun ke masarakat jeung Kabupaten Garut,"pokna. ***

Editor: Aam Permana S

Sumber: Humas

Tags

Terkini

Terpopuler