Jambatan Cilutung Jatigede Baris Diwangun Taun Ayeuna, Jangji Bupati Sumedang Dony Ahmad Munir

25 Januari 2023, 15:15 WIB
Jembatan Cilutung rek diadegkeun di Desa Kadu, Jatigede, Sumedang/Instagram @donyahmad.munir /

GALURA - Warga Desa Kadu Kacamatan Jatigede, Sumedang, Jawa Barat ngaku bungah kacida  ayeuna téh.

Pangna kitu, sabab dina taun ayeuna, sasak Cilutung di Desa Kadu nu kaayaanna matak pikahariwangeun, baris diwangun jadi jambatan nu weweg ku pamarentah.

"Tangtos bingah atuh, Kang," cek Tono hiji warga Desa Kadu basa ditanya pamanggihna ngeunaan pamaréntah (Sumedang jeung Jawa Barat) nu rek ngawangun jambatan di luhureun walungan Cilutung.

Baca Juga: Ketua manten, Herda M Gani: Dina Kapangpinan Yana Suryana KONI Kabupaten Bandung Kudu Tetep Guyub

Baca Juga: KPU Kabupaten Bandung: Pileg 2024 Kabupaten Bandung Masih Marebutkeun 55 Korsi

Baca Juga: Ketua DPRD Kabupaten Bandung: KPU Kabupaten Bandung Ngalelece Lembaga DPRD

"Tapi kadé wé, ulah bolay deui," cek manéhna, ogé warga séjénna.

Saméméhna, Bupati Sumedang Dony Ahmad Munir nétélakeun yén pamaréntah dina taun ayeuna baris wangunan jambatan Cilutung, keur ngaganti sasak gantung nu mangtaun lilana dipaké ku warga Sumedang jeung Majalengka.

Nurutkeun Dony, jambatan walungan Cilutung di Desa Kadu Kacamatan Jatigede nu nyambungkeun Sumedang jeung Majalengka baris diadegkeun taun ayeuna.

Baca Juga: Cibarani di Situs Sejarah Samida Rajadesa Ciamis, Pepeling Karuhun Sunda dina Ngajaga Alam jeung Lingkungan

Eta téh sabada Gubernur Jawa Barat Ridwan Kamil saluyu pikeun nganggarkeun waragad Rp 21 milyar ngaliwatan bantuan keuangan, keur ngawangun jambatan Cilutung.

"Alhamdulilah," cel Dony.

 

Ditétélakun, taun 2019, Pemkab Sumedang dina Forum Koordinasi Penyelenggaraan Pemerintah Daerah (Kopdar) jeung Gubernur Jabar geus ngusulkeun rehabilitasi jembatan Cilutung.

Baca Juga: 840 PPS Dilantik jeung Disumpah, Ketua KPU Kabupten Bandung: Siap Ngalaksanakeun Pemilu

Ngan alatan aya pandemi Covid-19, usulan teh kandeg sabab réa anggaran pangwangunan nu dipindahkeun keur ngungkulan éta sasalad.

 

"Sumedang saterasna ngusulkeun deui bantuan perbaikan jambatan Cilutung dugi ka taun 2023 ayeuna aya alokasi kanggo ngarehab eta jembatan,"cek Dony.

Dony miharep, sabada éta jambatan réngsé engke, bisa ngaronjatkeun laju pertumbuhan ekonomi (LPE) di Sumedang jeung Majalengka.

Baca Juga: Jadi Ketua Umum KONI Kabupaten Bandung, Yana Suryana Nargétkeun Asup 3 Besar di Porprov Jabar 2026

Dipiharep ogé angka kaminskinan turun sabab aya konektivitas antara wilayah. ***

Editor: Aam Permana S

Sumber: Instagram @donyahmad.munir

Tags

Terkini

Terpopuler