Pusatna di Cigugur Kuningan, Ajaran Madrais Samedi Hareupeun Seuneu

- 29 Januari 2024, 10:43 WIB
Paseban Tri Panca Tunggal, puseur agama Djawa Sunda atawaaa ajaran Madrasai.
Paseban Tri Panca Tunggal, puseur agama Djawa Sunda atawaaa ajaran Madrasai. /

 

 

GALURA.CO.ID -Paseban Tri Panca Tunggal nu pernahna di Kecamatan Cigugur, Kabupaten Kuningan teh wangunan titinggal Madrais atawa Pangeran Sadewa Madrais Kusuma Wijaya Ningrat.

Inyana nu naratas ngadegna masarakat adat Cigugur jeung nu ngagedkeun aliran kapercayan. Inyana seuweu ti Pangeran Alibassa I, sultan ti Kasultanan Gebang, Cirebon Wetan.

Paseban Tri Panca Tunggal teh patempatan nu ngahijikeun tilu kahayang cipta, rasa, jeung karsa nu dilarapkeun dina sikep jeung perilaku katut ucap.

Baca Juga: Indonesia Kungsi Jadi Sawarga Lokomotif Uap

Satuluyna diwujudkeun ku panca indera nalika ngadenge, nempo, ngomong, sikep, kalakuan turta lengkah pikeun ngadeukeutkeun diri ka Sang Maha Tunggal

Di jero Paseban Tri Panca Tunggal aya hiji pendopo nu di tanggeuy ku 11 tihang. Di bagean tengah aya lambang manuk Garuda nu keur meberkeun jangjangna, nu nangtung dina buleudan turta aya tulisan dina aksara Sunda “Purna Wisada”. Garuda ieu ditanggeuy ku sapasang naga make mahkota, nu buntutna silih kait.  

Di tengah buleudan aya lambang Tri Panca Tunggal. Paseban Tri Panca Tunggal oge miboga rohangan liana, nyaeta  Jinem, Pasengetan, Pagelaran, Sri Manganti, Mega Mendung (rohangan tempat Pangeran Djatikusumah digawe, Pangeran Jatikusumah teh nyaeta incuna Madrais), turta Dapur Ageung (hiji rohangan pikeun Pangeran semedi).

Agama Djawa Sunda

Ajaran nu diagem ku Madrais, ceuk salasaurang antrolog Walanda teh Agama Djawa Sunda (ADS). Kecap Djawa jeung Sunda di dieu taya patalina jeung etnis.

Kecap “Djawa” asalna tina andjawat (nyokot) jeung andjawab (ngajawab atawa ngalaksanakeun). “Sunda” tina kecap roh susun-susun kang den tunda (roh nu nyusun katunda atawa nu aya di dunya).

Baca Juga: Nyieun Anemometer, Alat Paranti Ngukur Angin

Ari masarakat Cigugur mah nyebutna teh Adat Karuhun (Akur) “Sunda Wiwitan”. ADS mandang di dunya aya rupa-rupa roh. Salian roh manusa, oge aya roh-roh liana nu cicing dina wujud mahluk ciptaan Allah, kayaning sasatoan, tutuwuhan, batu, seuneu, angin, taneuh, jeung sajabana. Konsep ngeunaan roh, mangaruhan ajaran ADS, kaasup konsep Tuhan.

Asas jeung tujuan ADS: ngabdi kana parentah Tuhan jeung ka perikamanusaan. Ungkara nu cukup populer: sampurnaning hirup, sajatining mati. Manusa ulah ngan ukur apal kana akal budi wungkul, tapi oge kudu ngadalian sakabeh tatalaku pikeun nyoko ka parentah Tuhan.

Anu nganut ADS percayaeun agama lain ngan ukur kapercayaan, tapi oge minangka ukuran hirup. Ku agama, manusa ngukur kahirupan, ieu ukuran diterapkeun dina sir-rasa-pikir (kahayang, ucapan, pagawean, jeung pikiran). Ku sabab kitu, agama kudu jadi nafas hirup turta urat nadi kahirupan manusa.

Panghayat ADS ngagem monoteisme, percaya Tuhan aya di mana-mana. Anu disebut Tuhan teh Zat’ atawa ‘Sawab’ atawa ‘Hurip’-Na) aya dina diri unggal ciciptaanana. Dina diri manusa aya  zat Tuhan, di jeri tutuwuhan aya zat Tuhan, dina sasatoan aya zat Tuhan, turta sakabeh ciptaanana aya zat Tuhan.

Gusti Sikang

Tuhan disebutna Gusti Sikang Sawiji-wiji (wiji hartina inti). Tuhan teh inti kalangsungan hirup di alam dunya. Tuhan bisa ditransformasikeun jadi daya atawa energi nu sifatna konkret. Pamujaan penghayat ADS ka Gustina, lumangsung ku cara doa, olah tapa, atawa dialog dina jero hate (kontemplasi).

Atawa bisa oge ku cara teu langsung:  nyaah ka sasama manusa, mulasara bangsa, turta taat kana aturan. Hiji hal nu unik dilakukeun ku urang Cigugur nyaeta ngenaan cara samedi, nyebutna teh Nyipta Sisakapura. Dina samedi, hiji jalma kudu narekahan sangkan bisa ningali turta ngahadirkeun beungeut sorangan minangka bahan meditasi.

Wujud samedi model kieu kalintang hesena, ku sabab kitu dibutuhkeun kasatian turta kasabaran pikeun nepi ka tingkatan nu husu. Hartina, pikeun ngahontal kabagjaan, urang kudu wanoh ka wujud diri sorangan. Lian ti eta wanoh kana roh-roh naon wae nu mangaruhan urang, ku cukang lantaran eta, manusa bakal kenal ka Gustina.

Pikeun ngalaksanakeun samedi model kitu, dimimitian ku Pangeran Madrais, dituluykeun ku anakna Pangeran Tejakusuma, turta ayeuna ku incuna Pangeran Jatikusuma, dilakukeun dihiji tempat nu disebut “dapur ageung”. Semedi nu dilakukeun ku Madrais jeung anak incuna, bari nyanghareupan seuneu nu ngelun dina hawu gede.

Tujuanna mah pikeun pananda waktu, ku sabab semedi teh dilakukeun satungtung seuneu ngelun, eureuna semedi mun seuneu pareum. Jadi samedi dikakukeun satungtung seuneu hurung. Kitu ceuk Ratu Djuwita Jatikusuma Putri. Ku masarakat luar Cigugur mah sok disarebut “nyembah seuneu”.

Hiji deui cenah nu jadi distorsi teh: loba nu nyebutkeun, Madrais sok nginum kesangna sorangan sabada semedi hareupeun seuneu. Ceuk Ratu Djuwita mah lain kitu, eta mah distorsi tina ungkara nu didawamkeun ku kolotna. Leuwih hade nginum kesang sorangan tibatan nginum kesang batur. Ieu saenyana pepeling teu meunang ngadahar atawa nginum nu lain hakna.

Konsep Tuhan dina masarakat ADS, kaunggel dina pikukuh nu tilu. Kahiji, Ngaji Badan. Ngaji hartina ngalenyepan, nyaring, turta milih. Maksudna dina ieu ajaran manusa kudu salawasna mampu ngajaga rasa jeung pikiranna, sangkan teu kaluar tina tetekon. Carana kudu asak tinimbangan gerakan batin.

Kadua, Iman kana tanah  sangkan manusa salawasna inget kana sagala unsur alam nu geus ngagembleng dirina. Manusa ngabogaan pangabisa nu leuwih ti batan mahluk liana:  dipercaya ku Gusti pikeun ngokolakeun unsur alam. Ku sabab kitu, manusa kudu inget ka taneuh, inget ka jatidirina, turta teu ngaruksak alam.

Katilu, Ngiblating Ratu Raja. Miboga harti, manusa kudu ngabogaan orientasi atawa ngahadep turta boga kamampu pikeun ngatur nu lian jeung dirina. Ceuk Ratu Djuwita pikukuh nu tilu teh dilarapkan dina ajen-inajen manusa di alam dunya teh, kudu boga pikiran nu wening, rasa nu beresih, turta laku lampah nu endah.

“Manusa teh kudu ngabogaan laku lampah nu alus jeung Gustina, jeung papada manusa, turta jeung alam,” ceuk Ratu Djuwita. Ajaran Madrais kungsi sumebar di Priangan, babakuna di Priangan Wetan. Anu nganutna kungsi loba, ngan ayeuna mah  nu nganutna nyaeutikan. Rundayanana loba nu ngagem agama Islam.*** Ade Priangani

 

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x