Hypnoterapi Mental Olahraga, Kaparigelan Ngolah Mental Atlet Juara

- 7 Februari 2023, 16:30 WIB
Pelatihan mental olahraga minangka adumanis tujuan, pikiran, jeung laku lampah nu ngabantu atlet ngahontal prestasi sahade-hadena.* Foto : DOK SYAIFUL DIKKI
Pelatihan mental olahraga minangka adumanis tujuan, pikiran, jeung laku lampah nu ngabantu atlet ngahontal prestasi sahade-hadena.* Foto : DOK SYAIFUL DIKKI /

“Intina pelatihan mental juara teh ngaubkeun pikiran urang dina ngararancang fungsi gerak anatomi atawa laku lampah enggoning ngahontal juara,” ceuk Kang Epul, pelatih fisik jeung mental Pelatnas Bola Voli SEA Games Filipina 2019.

Dina dunya olahraga aya teknik-teknik atawa aplikasi mindset pikeun atlet malar ngahontal juara.

Eta aplikasi mindset pikeun atlet teh antarana boga tujuan ngalancarkeun pangawasaan katapis teknik, ngaoptimalkeun kerjasama tim, ngajaga motivasi, kaajegan teknik, sarta ngetrukkeun kamampuh kalawan maksimal.

Baca Juga: PANI Majalengka Ganti Pangurus, Program Kerja Dihangkeutkeun, Ngungkulan Nerekabna Narkoba

Pelatihan mental juara ge diihtiarkan geusan nyanghareupan hahalang nu sok disanghareupan ku atlet nalika makalangan dina ajang kompetisi.

Hahalang nu sok remen disanghareupan ku paraatlet teh sapreti kahariwang, kasieun, gangguan ti nu lalajo, wasit jeung juri, intimidasi, kungsi cidra, kondisi lapangan, adaptasi, paralatan tur kalengkepan latihan, pangalaman trauma, jeung nu sejanna.

Pelatihan mental juara ge minangka segmen psikologi terapan olahraga nu notog kalawan husus pikeun ngabantu atlet nyanghareupan hahalang mental nu sok jadi cucuk ngahontal potensi puncakna.

Baca Juga: Muka Musrenbang Kec. Katapang, Kadisdik Kab. Bandung: Naon nu Diusulkeun teh Kapentingan Utama

Tah di dieu, ketak pelatih mental satata jeung pelatih, tur pada-pada pentingna pikeun ngabantu atlet ngahontal prestasi.

“Ku cara mokus kana katapis mental nu diperelukeun dina sakur kompetisi olahraga, pembinaan pelatihan mental juara satekah polah geusan ngahontal tujuan ngaronjatkeun kinerja atlet,” ceuk M Syaiful S Dikki. ***

Halaman:

Editor: Aam Permana S


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x