GALURA- Anggota Dewan Perwakilan Rakyat (DPRD) Kabupaten Bandung, Praniko Imam Sagita, nyebutkeun dina taun 2024 pangwangunan di Kabupaten Bandung kudu leuwih punjul.
"Kudu leuwih punjul, luyu visi jeung misi Bedas, kudu leuwih maliré masarakat. Mere pangladen nu leuwih hade," ceuk Pranikno.
Pranikno nembrakeun eta hal basa monitoring musyawarah perencanaan pembangunan (Musrenbang) tingkat Kecamatan Bojongsoang, di eta kecamatan, Senén (6/2/2023).
Baca Juga: Mahasiswa Uniku, Ngadeudeul Kamekaran Wisata Ngaliwatan Poster Jeung Video
Musrenbang téh ceuk Praniko, forum antarpalaku dina raraga nyusun rencana pangwangunan daerah jeung nasional.
"Dikawitan ti tingkat desa, lajeng dicandak ka tingkat kecamatan, lajeng engké ka tingkat kabupaten, provinsi sareng dipungkas di tingkat nasional," ceuk Praniko.
Baca Juga: Imah Warga Kahuru di Kuningan, Duit Rp 60 Juta Henteu Kapuluk
Mekanisme tahapan ieu cenah kudu diliwatan, sabab amanat ti perundang-undangan. UU nomer 25 taun 2024 ngeunaan penyusunan perencanaan daerah.
Editor: Ajun Mahrudin