Ngeunaan Runtah di Pasar Baleendah, Ieu Tanggapan Ketua Komisi C DPRD Kabupaten Bandung

- 7 Februari 2023, 06:39 WIB
Ketua Komisi C DPRD Kabupaten Bandung, H. Yanrom Setianto.*
Ketua Komisi C DPRD Kabupaten Bandung, H. Yanrom Setianto.* /(SOPANDI//Galura Pikiran Rakyat. com).

GALURA - Ketua Komisi C DPRD Kabupaten Bandung H. Yanto Setianto ngaku, pihakna geus ngawanti-wanti ka Dinas Lingkungan Hidup (DLH) Kabupaten Bandung kana kamungkinan Tempat Pembuangan Akhir (TPA) runtah Sarimukti Kabupaten Bandung Barat (KBB) ditutup.

Hal ieu ditepikeun ku Yanto basa dipénta tanggapanana ngeunaan runtah di Pasar Baleendah nu karék diakut kamari sanggeus  kana sabulan ngahunyud.

Runtah ieu  ogé kalolobanana mah pamiceunan ti warga saluareun  pasar.

"Ti taun kamari kénéh tos didugikeun ka DLH, ku margi Komisi C tos diwartosan ku Pemda  KBB, kantun DLH-na nu kedah énggal tanggap,” ceuk Yanto basa monitoring Musrenbang di Kecamatan Katapang, Senén (6/2/2023).

Nu kudu disikepan ku DLH, numutkeun Yanto, nyaéta nyayagikeun lahan minimal di 7 dapil. Kaduana, aya pakakas nu "berteknologi" tepi ka runtah bisa dikurangan, tur aya tempat pengolahan runtah.

"Sanés TPS, tapi pangolahan runtah, tepi ka runtah diolah rék dijadikeun naon atawa jadi lebu nu minim haseup polusi. Ngadeukeutkeunana, mimiti kana teknologi jeung panyadiaan lahan di saban dapil,” ceuk Yanto.

Numutkeun Yanto, anggaran keur pakakas pangolahan runtah pikeun Kabupaten Bandung mah teu masalah. "Nu jelas, barang nu dipésér kudu efektif tur efisien. Ulah dugi ka  barangna awis tapi daya olahna kirang,” pokna.***

Baca Juga: Runtah Ngahunyud di Pasar Baleendah, Ceuk Beja Nu Katampa Rek Diakut Dina Poe Kemis

Baca Juga: Runtah Ngahunyud di Pasar Baleendah Antukna Diakut

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x