PANI Majalengka Ganti Pangurus, Program Kerja Dihangkeutkeun, Ngungkulan Nerekabna Narkoba

- 7 Februari 2023, 10:10 WIB
DPD PANI Kabupaten Majalengka di Aula Serbaguna Masjid Agung Al-Imam Kabupaten Majalengka sawatara waktu kaliwat.*
DPD PANI Kabupaten Majalengka di Aula Serbaguna Masjid Agung Al-Imam Kabupaten Majalengka sawatara waktu kaliwat.* /

GALURA- Penggiat Anti Narkoba Indonesia (PANI) Kabupaten Majalengka rengse milih kapangurusan anyar. Ngaganti pangurus nu heubeul nu mungkas tugasna.

Ketua Dewan Pengurus Daerah (DPD) PANI Kabupaten Majalengka, nu munggaran dijabat ku Dr. H. Oman Surahman, MM., kiwari dijabat ku Prayudi Hardi Siswanto, S.Pd. Oman ayeuna jadi Ketua Dewan Pembina PANI.

Sekretaris DPD PANI Kabupaten Majalengka dijabat ku Almuaras, Bendahara ku Dr. Hj. Mamlukah, M.Kes.

Baca Juga: Pulisi Ngungkab Palaku Curanmor Profesi Pemulung di Lemah Sugih

Ketua DPD PANI Kabupaten Majalengka, Prayudi HS, S.Pd., nyebutkeun sabada nampa SK DPP PANI ngeunaan inyana jadi Ketua DPD PANI Kabupaten Majalengka, langsung nyusun program kerja.

"Kiprah PANI parantos diantosan ku Pemkab. Majalengka sareng steakholder sanesna kangge ngalaksanakeun Pencegahan, Pemberantasan, Penyalahgunaan dan Peredaran Gelap Narkoba (P4GN)," ceuk Prayudi.

Yudi, nenehna Prayudi, DPD PANI Kabupaten Majalengka bakal gawe bareng jeung mahasiswa di paguron luhur. Di antarana jeung Yasika Majalengka, Unma, STIE STMY, jeung paguron luhur lianna.

Dijadwalkeun di poe Saptu (11/02/2023), bakal dilaksanakeun deklarasi sakaligus dikukuhkeunana pangurus PANI sa-Indonesia, tempatna di Gedong Sate Bandung.

"Simkuring bakal teras aktip kangge masihan penyuluhan narkoba ka sakumna palajar, mahasiswa, katut masarakat sakumna," ceuk Yudi nalika gempungan, tempatna di Aula Serbaguna Masjid Agung Al-Imam Kabupaten Majalengka.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x