Muka Musrenbang Kec. Katapang, Kadisdik Kab. Bandung: Naon nu Diusulkeun teh Kapentingan Utama

- 7 Februari 2023, 06:48 WIB
Kepala Dinas Pendidikan Kabupaten Bandung Ruli Hadiana.*
Kepala Dinas Pendidikan Kabupaten Bandung Ruli Hadiana.* /(SOPANDI/Galura Pikiran Rakyat.com).

GALURA - Kepala Dinas Pendidikan (Kadisdik) Kabupaten Bandung Ruli Hadiana miharep naon nu diusulkeun ku para delegasi Musyawarah Perencanaan Pembangunan (Musrenbang) tingkat Kecamatan Katapang enya-enya merhatikeun saniskara kapentingan nu jadi kautamaan.

Kituna téh ditétélakeun ku Ruli satutas ngawakilan Bupati Bandung Dadang Supriatma, muka Musrenbang tingkat Kecamatan Katapang di Aula Kecamatan satempat, Senén (6/2/2023).

"Sapertos didugikeun ku Pa Bupati, wiréh Musrenbang téh hiji prosés nu kedah dilakonan dina hiji perencanaan tingkat kabupaten," ceuk Ruli Hadiana.

Ruli ngaaprésiasi hadirna anggota DPRD ti dapil 2 nu ngawengku Kecamatan Margaasih, Margahayu, Dayeuhkolot, jeung Kecamatan Katapang.

"Alhamdulillah, ka 8 anggota DPRD ti dapil 2 hadir sadayana. Dipiharep dina prosésna engké, ku luangna, di antarana aya nu asalna ti kepala desa, enya-enya paham kaayaan di lapangan," ceuk Ruli.

Apresiasi ogé ditepikeun ku Ruli ka para delegasi nu aya di Kecamatan Katapang. "Dipiharep tiasa prosés sakitu rupa sareng maliré kana kapentingan nu diprioritaskeun. Dipiharep engkéna nu diangkat di Musrenbang tingkat Kabupaten Bandung usulanana téh leres-leres hasil verifikasi tur validasi nu luyu sareng program Pusat atawa Kabupaten,” ceuk Ruli.***

Baca Juga: Ceuk Pranikno, Dina Taun 2024 Pangwangunan di Kabupaten Bandung Kudu Leuwih Punjul

 

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x