QS Al Falaq tur Hartina, keur Nyinglar Santet, Sihir jeung Teluh, Ieu Cara nu Dicontokeun Nabi

- 30 Januari 2023, 15:30 WIB
Ilustrasi Surat Al Falaq Lengkap Arab, Latin sareng  artina dina basa Sunda
Ilustrasi Surat Al Falaq Lengkap Arab, Latin sareng artina dina basa Sunda /pixabay.com/freebiespic

GALURA – Nurutkeun katerangan Ibnu Katsir, nalika nafsirkeun hiji hadis Imam Bukhori, Rasulullah kantos ditarajang santet, sihir atawa teluh.

Nalika katarajang santet, sihir atawa teluh, Rasulullah kenging “ilapat” dina obrolan dua malaikat bab panyawatna. Nya dina waktu eta, Allah SWT ngalungsurkeun surat QS Al Falaq ka Rasulullah, minangka hiji tanda yen Allah SWT maha agung.

“Saterasna Nabi maos eta surah tur ditiupkeun kana cai. Caina dibalurkeun kana sakujur badan Nabi dugi pulih deui,” cek Ibnu Katsir dina Tafsir Ibnu Katsir, nalika nafsirkeun hadis Imam Bukhari dina Shahih Bukhari.

Baca Juga: Lawang Bledheg Masjid Agung Demak, Lambang toleransi di Karajaan Demak

Samemehna, cek Ibnu Katsir, nalika Rasulullah Saw teu damang, dilongok ku dua malaikat. Eta malaikat, nu hiji calik caket mastaka Rasul, nu hiji deui caket sampean Rasul. Harita duanana ngalobrol, tur kadangu pisan ku Rasul.

Malaikat A : Alatan naon ieu lalaki geringna?

Malaikat B : Disihir jalma

Malaikat A : Ku naon disihirna?

Malaikat B : Ku buuk nu dijieun kawas boneka, terus ditojos jarum

Malaikat A : Di mana bonekana?

Baca Juga: Haji Hasan Mustapa (HHM); Birokrat, Sastrawan Sufistik, jeung Ulama “Mahiwal” nu Sosobatan jeung CS Hurgronje

Malaikat B : Diasupkeun kana sintung korma, terus diteundeun dina handapeun batu gede di sumur Darwan.

Malaikat A : Saha nu nyihirna?

Malaikat B : Lubeld bin Asham, urang Yahudi.

Baca Juga: Cenah di Demak Jawa Tengah Tara Aya Gelap da Ditewak ku Ki Ageng Selo

Bacaan QS Al Falaq jeung hartina

Kumaha bacaan QS Al Falaq? Di handap ieu dicatet lengkep jeung hartina dina basa Sunda. 

سْمِ اللّٰهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ

bismillāhir-raḥmānir-raḥīm

Kalayan Asmana Allah, Nu Maha Murah, Nu Maha Asih.

قُلۡ اَعُوۡذُ بِرَبِّ الۡفَلَقِۙ

Qul a'uzuu bi rabbil-falaq

Pok caritakeun (Muhammad), Kaula nyalindung ka Pangeran nu murbeng balebat subuh.

مِنۡ شَرِّ مَا خَلَقَۙ

Min sharri ma khalaq

Tina kajahatan saniskara anu geus diyugakeun.

وَمِنۡ شَرِّ غَاسِقٍ اِذَا وَقَبَۙ

Wa min sharri ghasiqin iza waqab

Jeung tina kajahatan peuting dina mangsa poek mongkleng.

وَمِنۡ شَرِّ النَّفّٰثٰتِ فِى الۡعُقَدِۙ

Wa min sharrin-naffaa-thaati fil 'uqad

Jeung tina kajahatan tukang niupan cangreud-cangreud (tukang tenung).

وَمِنۡ شَرِّ حَاسِدٍ اِذَا حَسَدَ

Wa min shar ri haasidin iza hasad

Jeung tina kajahatan nu hasud nalika hasudna.

Baca Juga: Geujleung, Albeum Anyar ti KPop TXT, Sapoe Kajual 1,8 Juta, Rekor ti Grup Kameumeut

QS  Al Falaq teh surah ka 113 dina Al Qur’an, nu ngandung harti subuh.

Ieu surah kagolong Makkiyah, disebut oge surat al-mu’awwidzatain nu dijerona ngandung harti panyalindungan atawa atau ta’awidz, dilungsurkeun ku Allah ka Nabi Muhammad Saw sateuacan hijrah ka Madinah. ***

Editor: Aam Permana S


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x