Palakiah atawa Cara Ngungkulan Pangaruh Sihir, Teluh atawa Santet nu Halal Numutkeun Islam

- 30 Januari 2023, 14:15 WIB
Ilustrasi maca  sawatara suat Al Quran tarekaj nyinglar pangaruh sihir, teluh atawa santet
Ilustrasi maca sawatara suat Al Quran tarekaj nyinglar pangaruh sihir, teluh atawa santet /Foto: Rachid Oucharia/Unsplash/

GALURA – Dina kahirupan jaman kiwari, cek nu percaya, aya keneh nu sok ngagunakeun sihir, teluh atawa santet.

Eta sihir, teluh atawa santet teh dikirim ku jalma kalawan maksud nu teu hade, bisa mateni, bisa wae ngan saukur nyusahkeun atawa ngaripuhkeun hirup nu ditujul alatan ngarasa dinyenyeri atawa alesan sejenna.

Prahna, nu boga maksud teu hade ka urang teh menta bantuan atawa minangsaraya ka “jalma pinter” anu katelah dukun – tangtu wae dukun teluh, sihir, atawa santet anu nurutkeun katerangan rea keneh nu praktek di sawatara tempat.

Baca Juga: Haji Hasan Mustapa (HHM); Birokrat, Sastrawan Sufistik, jeung Ulama “Mahiwal” nu Sosobatan jeung CS Hurgronje

Tah kumaha lamun santet jeung sihir keuna ka diri urang?

Nya tangtu wae, mun ngarasakeun hal-hal atawa kajadian nu teu lumrah nu deukeut-deukeut ka tanda keuna ku santet, sihir atawa teluh, kudu disinglar, disingkahkeun atawa diungkulan, sok sanajan urang teu percaya kana ayana sihir jeung santet.

Carana?  Dicutat tina sawatara sumber kaasup “Bid’ah Bid’ah di Indonesia” karangan Drs. KH. Badruddin Hsubky, carana teh aya sababaraha hiji. Sakabeh carana kaasup dihalalkeun ku Islam.

Baca Juga: Cenah di Demak Jawa Tengah Tara Aya Gelap da Ditewak ku Ki Ageng Selo

Antarana wae ku rajah, nyaeta maca ayat-ayat Quran, doa-doa Rasulullah, zikir, muawidzatain, ayat Qursi, jeung doa-doa nu meunang digunakeun nurutkeun ajaran Islam.

Nurutkeun Drs. KH. Badruddin Hsubky, geusan ngungkulan santet, teluh atawa sihir teh, mun rek make ayat Kursi, dibacana kudu unggal ba’da sholat fardhu.

Lian ti eta, maca surat Al Falaq jeung Annas (tilu balikan) unggal ba’da Subuh jeung Magrib, maca surat Al Baqarah (ayat 384-286) ba’da sholat Magrib jeung ngareakeun maca ta’awudz: “A’udzu bikallimatillahit tammati mun syarri ma khalaq”.

Baca Juga: TPPAS Legok Nangka Ngagantung Keneh, Can Aya Pausaahaan nu Meunang Tender

Sajaba ti eta bisa oge ku cara ngagederkan doa nu unina : Allahumma rabbin nas idzhabil ba’asa isyfi anta syaffi la syifa’uka syifa’u la yug hadiru saqaman wa la alama.

“Tiasa oge ku ayat Al Quran cara Al A’raf 117-119, Yunus 79-82, sareng Thanja 65-69,” cek Hsubky.

Carana, cenah, sadiakeun cai dina gelas, terus bacakeun ayat kasebut. Caina, engkena bisa diinum, bisa oge dipake mandi.

Baca Juga: Pikeun Ngaronjatkeun Pangladen ka Warga, RSUD Kota Bandung Waragadna Rp 516 Miliar

Kitu tah cara atawa palakiah ngungkulan serangan atawa pangaruh, sihir, santet atawa teluh teh.

Naha bisa ngungkulan atawa meruhkeun pangaruh sihir, teluh atawa santet ku sihir, teluh atawa santet deui?

Eta hal dipahing pisan. Nurutkeun Drs. H. Badruddin Hsubky, nu kitu hukumna haram, sabab hakekatna sarua jeung migawe kahayang setan.

Baca Juga: Putri Anjungsari (13)

“Ngubaran sihir ku sihir nyaeta pagawean setahn” (HR. Imam Ahmad).***

Editor: Aam Permana S


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x