Ngokolakeun Cau Nangka, Bisa Dijieun-jieun Rupa-rupa Kadaharan

- 26 Januari 2023, 12:30 WIB
Cau nangka bisa diolah jadi rfupa-rupa kadaharan.*
Cau nangka bisa diolah jadi rfupa-rupa kadaharan.* /

GALURA -Teu kabeh jenis cau bisa digoreng atawa dibeuleum. Cau anu bisa dibeuleum jeung digoreng cau nu mibanda tekstur padet jeung teu loba ngandung cai.

Malah aya jenis cau, saperti cau ambon, cau muli, cau raja cere, mun digoreng atawa dibeuleum rasana jadi teu ngeunah, beda pisan mun henteu dibeuleum atawa teu digoreng.

Cau anu biasa digoreng jeung dibeuleum: cau tanduk -disebut cau tanduk pedah pedah bentukna siga tanduk-, jeung cau nangka. Cau tanduk jeung cau nangka rasana semu haseum, babakuna nu tacan pati asak mah.

Baca Juga: Awi, ti Mimiti Parabot Dapur, Wawadahan Tepi ka Bahan Bangunan

Tapi mun dibeuleum atawa digoreng, cau tanduk jeung cau nangka rasana jadi amis, komo mun diawuran gula mah, gula bodas atawa gula sireum.

Di daerah Priangan, cau nangka anu dianggap cau nu bisa diasakan leuwih ti sarupa. Cau nangka nu atah keneh tapi geus kolot biasa dijieun kiripik, mesek cangkangna rada hese, napel keneh kaba cauna.

Cau nangka nu geus rada asak biasana dijieun pisang goreng, make tipung tarigu make gula. Cauna digoreng bari teu make tipung oge bisa sarta rasana ngeunah, komo mun dicampuran ku resoles jeung keju mah.

Cau nangka digoreng biasana diawuran ku gula bodas. Atawa bisa oge dikucuran ku susu kental bodas, beh dieu mah make parudan keju jeung soklat.

Baca Juga: Seni Sintren di Desa Dukuhbadag, Baheulana Dibawa ku Kukurung

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x