Leuit Si Jimat, Leuit Kasatuan, Cadangan Logistik di Kasepuhan Sinarresmi Kabupaten Sukabumi

13 Maret 2023, 12:00 WIB
Imah nu dicicingan ku pupuhu Kasepuhan Sinarresmi Kecamatan Cisolok Kabupaten Sukabumi. DIna logistik di Kasepuhan Sinarresmi aya nu disebut leuit Si Jimat, leuit Kasatuan, jeung unggal warga mibanda leuit sorangan. /Nanang S/Galura

 

GALURA -Di Kasepuhan Sinarresmi Kabupaten Sukabumi pikeun cadangan logistik aya nu disebut leuit Si Jimat, leuit Kasatuan atawa leuit Rendangan. Duanana oge leuit komunal, leuit nu warga ti warga jeung keur warga.

Anu disebut leuit Si Jimat ayana di tingkat Kasepuhan Sinarresmi, leuit Kasatuan atawa leuit Rendangan ayana di kampung nu aya di Kasepuhan Sinarresmi.

Boh leuit Si Jimat boh leuit Kasatuan dieusianana sarengsena panen. Sabaraha lobana warga ngeusian leuit Si Jimat? Warga Kasepuhan Sinarresmi bisa “ngalungan” atawa ngeusian leuit Si Jimatamun hasil tina nyawahna minimal meunang 50 pocong pare jeung kalipetanana.

Baca Juga: Leuit Si Jimat, Bulogna Kasepuhan Sinarresmi Kabupaten Sukabumi, Tempat Nyimat Warga

Tina 50 pocong, warga ngalungan leuit Si Jimat 1 pocong. Meunang 100 pocong ngalungan leuit Si Jimat 2 pocong, kitu saterusna. Diasupkeun kana leuit Si Jimat dina acara Seren Taun.

Warga nu hasil panenna kurang ti 50 pocong mah teu kudu ngalungan leuit Si Jimat. Tapi di Kasepuhan Sinarresmi arang nu beubeunangan tina nyawahna kurang ti 50 pocong pare.

Jenis leuit sejenna di Kasepuhan Sinarresmi: leuit Kasatuan atawa leuit Rendangan, nu dibinda ku hiji kampung. Leuit Kasatuan dikokolakeun ku kokolot lembur.

Leuit Kasatuan Diadegkeun kalayan tujuanana sarua jeung leuit Si Jimat, keur sasadian pangan  mun aya warga nu tepi ka beakkeun bahan kadaharan samemeh panen.

Baca Juga: Citarum Tempatna Nguniangna Peradaban Sunda jeung Ngadegna Karajaan Tarumanagara

Leuit Kasatuan dibangun  di tanah milik adat atawa rendangan. Diadegkeun gotong royong, umumna ukuranana teu beda jeung leuit pribadi.

Warga nyetorkeun parena patokanana teu beda jeung ngalungan leuit Si Jimat.

Leuit kasatuan lian ti dieusian ku warga oge dieusian ku pare hasil maro kokolot lembur nu melak pare di tanah adat.

Patugas nu nyatet beubeunangan warga disebut  tukang tamba kakayaan, ngadata hasil panen ti unggal kampung. Tina kituna hasil panen teh dipikanyaho unggal usum.

Baca Juga: Harti Sunda dumasar Pantun Bogor: Suci, Nyampurnakeun

Tukang tamba kakayaan oge ngitung jumlah pare nu rek dialungkeun kana leuit Si Jimat. Samemeh seren taun geus  bisa diiker-iker sabaraha lobana pare nu rek diasupkeun kana leuit Si Jimat.

Jumlah panen nu dilaporkeun ka ketua adat Kasepuhan Sinarresmi, sanggeus dipotong atawa dikurangan keur binih jeung keur kaperluan sejenna..

Warga oge mere tukang tamba kakayaan saihlasna, henteu dipatok sabaraha-sabarahana. Tukang tamba kakayaan teh tugasna ngabantu Abah di unggal rendangan (lembur).

Teu beda jeung leuit Si Jimat, leuit Kasatuan  oge cadangan logistik nu bisa diinjeum mun aya warga karerepet, beakkeun pare alatan hasil panenna teu mahi ti panen ka panen.

Baca Juga: Anis Jatisunda: Dina Agama Sunda Pajajaran Aya Sadat Sunda

Bebeja wae ka kokolot lembur, ka olot lembur. Mulangkeunana mun geus panen sarta hasilna nyugemakeun.

Tina kituna di Kasepuhan Sinarresmi mah keur  ketahanan pangan teh dijieun tilu lapisan. Lapisan kahiji ti masing-masing warga nu kudu mibanda leuit najan teu boga lahan keur tatanen oge, boh sawah boh huma.

Unggal umpi satekah polah boga simpenan  pare nu mahi keur bekel ti panen ka panen. Nu teu boga lahan tatanen,  sok ngagarap lahan nu batur di tempat sejen.

Upama pare dina leuit pribadi teu nyumponan pangabutuh ti panen ka panen, warga bisa nginjeum ka leuit kasatuan nu aya di unggal kampung.

Baca Juga: Ceuk Carita Parahyangan, Agama Sunda geus Diagem Samemeh Urang India Daratang

Lamun tea mah pare dina leuit kasatuan geus kosong alatan rea nu nginjeumna, warga bisa nginjeum ka leuit Si Jimat. “Anu nambut ka leuit Si Jimat arang pisan,” ceuk Abah Asep, pupuhu Kasepuhan Sinarresmi.

Najan panenna sataun dua kali, pare di Kasepuhan Sinarresmi mah loba sesana ti panen ka panen teh.

Dahar di Kasepuhan Sinarresmi mah henteu kudu aspiring metung. Sangu leuwih rea kandungan gizina lantaran digemukna make gemuk organik.

Jadi ketahanan pangan teh dipitembeyan dina tata cara melak parena.***

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler