Hypnoterapi Mental Olahraga, Kaparigelan Ngolah Mental Atlet Juara

7 Februari 2023, 16:30 WIB
Pelatihan mental olahraga minangka adumanis tujuan, pikiran, jeung laku lampah nu ngabantu atlet ngahontal prestasi sahade-hadena.* Foto : DOK SYAIFUL DIKKI /


GALURA – Hypnoterapi mental olahraga teh studi ilmiah ngeunaan pikiran, emosi, tur laku lampah tumali jeung ketak atlet sarta aktivitas fisik.

Dina persaengan kompetisi nu sakitu ketatna, kaparigelan ngolah mental atlet jadi unsur nu kalintang pentingna geusan ngahontal prestasi.

Panalungtikan empiris ngebrehkeun, pelatihan mental olahraga minangka bagean penting tina sistim pelatihan atlet.

Baca Juga: Tina Tamba Kesel, Usaha Jual Pupuk jeung Obat Pertanian Hasilna Mucekil

Ketak atlet bakal ngaronjat mun dibarengan ku ngalarapkeun pelatihan mental olahraga kalawan pas.

Pelatih kawentar, Phil Jackson, mertelakeun, yen kawijaksanaan teu weleh ngelehkeun kakuatan.
Anapon ceuk instruktur mental olahraga, M Syaiful S Dikki, psikologi olahraga teh ngeunaan usaha ngaronjatkeun sikep jeung katapis permaenan mental atlet.

Pelatihan mental olahraga kalintang pentingna geusan ngabantu atlet lagu ngaidentifikasi kayakinan sarta mundel ku palasapah nu sehat ngeunaan olahraga.

Baca Juga: Gedong Sate cenah mah Diadegkeun dina Lahan Urut Karaton, Karatonna Mindeng Kawenehan

Teu saeutik atlet nu miboga kamampuh keur konsentrasi, tapi mindeng teu mokus alatan udaganana ukur kana hasil.

“Lian ti kayakinan nu minangka inti tina pelatihan ngolah mental olahraga, fokus ge kawilang pangpentingna pikeun atlet,” ceuk Syaiful Dikki, sawatara waktu kaliwat.

Ngamekarkeun pelatihan mental olahraga teh mibanda tujuan ngungkulan pasualan kakurang atawa kasalahan atlet, kaasup kontrol emosionalna.

Baca Juga: Mataram Kungsi Sisirikan ka Banten, Pedah Raja Banten Dileler Gelar Sultan ku Raja Arab

Kontrol emosional ge tetela jadi prasarat pikeun atlet dina pelatihan mental olahraga.

Ayana target hasil tina ketatna persaengan kompetisi, ngabalukarkeun atlet lir dibeungbeuratan di satengahing mungkin wae aya kasalahan.

“Kasalahan mungkin wae kajadian, da dina olahraga eta mah alami. Tah, pelatihan mental olahraga teh usaha pikeun ngabantu atlet ngahontal ekspetasi bari tetep tenang jeung mokus najan dina persaengan nu ketat,” pok Syaiful Dikki, nu katelah ku sebutan Kang Epul.

Baca Juga: Diduga tina Lilin, Kahuruan di Desa Sukamenak Margahayu, Aya 25 Imah nu Ludes

Ceuk ieu lulusan FPOK UPI Bandung Jurusan Kepelatihan teh, pelatihan mental juara enas-enasna mah teknik komunikasi nu kudu dikawasa ku pelatih lagu ngaping atletna.

Pelatihan mental teh adumanis tujuan, pikiran, jeung laku lampah.

Anapon pikiran minangka papagon nu ngawengku alam sadar, alam bawah sadar, parasaan, logika, tata-titi jeung nu lianna.

Baca Juga: Ngareuah-reuah HPN 2023 di Sumut, Karya Urang ‘Galura’ Asup Buku Antologi Puisi Wartawan

“Intina pelatihan mental juara teh ngaubkeun pikiran urang dina ngararancang fungsi gerak anatomi atawa laku lampah enggoning ngahontal juara,” ceuk Kang Epul, pelatih fisik jeung mental Pelatnas Bola Voli SEA Games Filipina 2019.

Dina dunya olahraga aya teknik-teknik atawa aplikasi mindset pikeun atlet malar ngahontal juara.

Eta aplikasi mindset pikeun atlet teh antarana boga tujuan ngalancarkeun pangawasaan katapis teknik, ngaoptimalkeun kerjasama tim, ngajaga motivasi, kaajegan teknik, sarta ngetrukkeun kamampuh kalawan maksimal.

Baca Juga: PANI Majalengka Ganti Pangurus, Program Kerja Dihangkeutkeun, Ngungkulan Nerekabna Narkoba

Pelatihan mental juara ge diihtiarkan geusan nyanghareupan hahalang nu sok disanghareupan ku atlet nalika makalangan dina ajang kompetisi.

Hahalang nu sok remen disanghareupan ku paraatlet teh sapreti kahariwang, kasieun, gangguan ti nu lalajo, wasit jeung juri, intimidasi, kungsi cidra, kondisi lapangan, adaptasi, paralatan tur kalengkepan latihan, pangalaman trauma, jeung nu sejanna.

Pelatihan mental juara ge minangka segmen psikologi terapan olahraga nu notog kalawan husus pikeun ngabantu atlet nyanghareupan hahalang mental nu sok jadi cucuk ngahontal potensi puncakna.

Baca Juga: Muka Musrenbang Kec. Katapang, Kadisdik Kab. Bandung: Naon nu Diusulkeun teh Kapentingan Utama

Tah di dieu, ketak pelatih mental satata jeung pelatih, tur pada-pada pentingna pikeun ngabantu atlet ngahontal prestasi.

“Ku cara mokus kana katapis mental nu diperelukeun dina sakur kompetisi olahraga, pembinaan pelatihan mental juara satekah polah geusan ngahontal tujuan ngaronjatkeun kinerja atlet,” ceuk M Syaiful S Dikki. ***

Editor: Aam Permana S

Tags

Terkini

Terpopuler