Palakiah Ngadeteksi Santet, Sihir atawa Teluh Cek Ahli Spiritual Jawa Mbah Yadi : Gayem Daun Seureuh !

30 Januari 2023, 16:30 WIB
Cara ngadeteksi diserang santet, sihir atawa telur ku ngagayem daun seureuh (sirih), cek katerangan Mbah Yadi /Instagram @agisherbal

GALURA – Nurutkeun ahli spiritual Jawa Mbah Yadi, aya cara gampil pikeun ngadeteksi diri urang aya nu ngirim atawa keuna ku santet, sihir atawa teluh.

Cara ngadeteksi santet, sihir atawa teluh teh ku make media daun seureuh (sirih) nu masih rea tangkalna di pilemburan, samemeh disinglar ku cara rajah atawa maca surat-surat Al Quran.

“Ngan omat, urang ulah suudon heula yen urang aya nu ngirim santet,” cek Mbah Yadi dina kanal YouTube ESA Production, tayang 4 Juni 2022 nu geus kalarung.

Baca Juga: Lima Barang nu Sok Dipake Ngirim Santet, Sihir atawa Teluh, Gancang Piceun Mun Aya di Imah!

Samemehna, cek Mbah Yadi, mun urang pareng gering, pariksakeun heula kasakitna ka dokter.

Mun cek dokter dina diri urang taya kasakit nanaon, kakara tarekahan ku cara nu rek didadarkeun, bari tetep leungitkeun suudon ka papada jalma, sarta pasrahkeun sagalana ka Allah SWT.

Kumaha cara ngagunakeun daun seureuhna?

Baca Juga: QS Al Falaq tur Hartina, keur Nyinglar Santet, Sihir jeung Teluh, Ieu Cara nu Dicontokeun Nabi

Samemeh tepi ka dinya, Mbah Yadi ngebrehkeun yen nu ngaranna santet, sihir atawa teluh, masih keneh aya jeung dipake ku sabagean masarakat di urang, sok sanaja  aya nu pro jeung kontra.

Biasana, jalma nu make jasa teluh, sihir atawa santet teh nu nyeri hate, kurang percaya diri, asa kasaingan dina usaha, sirik kana kakayaan jeung kasuksesan batur, jeung sajabana.

Kalawan niat goreng, manehna menta bantuan ka jalma bisa atawa dukun. Udaganna, aya nu hayang jalma nu ditujul taya dikieuna, cilaka, bangkrut jeung rea-rea deui. Kitu lumrahna.

Baca Juga: Palakiah atawa Cara Ngungkulan Pangaruh Sihir, Teluh atawa Santet nu Halal Numutkeun Islam

Tah saterusna, mun ngarasa diri keuna ku serangan teluh, sihir atawa santet, keur ngadeteksina, bisa ngagunakeun daun seureuh (sirih).

Carana kieu :

-Siapkeun salambar atawa dua lambar daun seureuh, kumbah nepi ka beresih dina cai nu ngocor, ngamalir;

-Bada sholat Subuh samemeh sasarap, eta daun seureuh digayem atawa diseupah salila 15 -20 detik, bari rarasakeun rasana.

Baca Juga: Mikawanoh Elmu Sihir, Aya dina Al Quran tapi Haram mun Dipuhit Komo Diamalkeun

Cek Mbah Yadi, mun sabada digayem atawa diseupah daun seureuh karasa kesed, kasakit nu narajang teh nyaeta kasakit medis. “Eta sanes alatan santet,” cek Mbah Yadi.

Urang kakara bisa disebut katarajang sihir, teluh atawa santet mun rasa daun seureuhna teu kesed, tapi amis, pait atau haseum.

“Upami nu karaos amis, pait atanapi haseum, eta tanda ‘panjenengan” keuna santet, sihir atawa teluh tea,” pokna.

Baca Juga: Ngungkulan Inflasi, Ridho : Kudu Titen Nyumponan Kabutuh Pangan

Mun kitu kajadianna, sawadina gancang diungkulan, disinglar ku cara ngadoa ka Allah Nu Maha Kawasa, neneda malar nu ngirim santet sadar sareng nyabut kiriman santet, sihir atawa teluhna.

Kitu tah palakiah atawa cara ngadeteksi serangan teluh, sihir atawa santet teh. ***

Editor: Aam Permana S

Tags

Terkini

Terpopuler