Cenah di Demak Jawa Tengah Tara Aya Gelap da Ditewak ku Ki Ageng Selo

30 Januari 2023, 10:10 WIB
Ukiran naga di lawang masjid Agung Demak, Jawa Tengah. Naga nu jadi ukiranana cenah mah jelmaan gelap nu ditewak ku Ki Ageng Selo.* /

GALURA -Memeh hujan mindeng dimimitian ku gelap jeung sora guludug. Kitu deui mun keur hujanna sok dibarung ku gelap dordar. Teu kitu di Kota Demak, Jawa Tengah mah, tara aya gelap masing rek hujan oge atawa keur hujan, cenah. Alatan gelapna geus ditewak ku Ageng Selo.

Kungsi lalajo film Gundala? Ieu film garapan sutradara Joko Anwar teh diropea tina komik Gundala, meunang komikus Harya Suraminata. Ceuk sakaol Harya Suraminta nyiptakeun tokoh Gundala teh kainspirasian ku lalakon Ki Ageng Selo

Gundala asalna tina kecap gundolo, basa Jawa nu hartina gelap atawa dina basa Indonesia mah: petir. Ki Ageng Selo cenah kungsi disamber gundolo atawa gelap.

Baca Juga: Nusakambangan Ceuk Versi Jawa, Kembang Wijaya Kusumah, Bathari Durga jeung Sang Hyang Pramoni

Saha ari Ki Ageng Selo? Ki Ageng Selo teh nya tokoh sejarah nya tokoh legenda. Ceuk Soetardi dina Pepali Ki Ageng Selo, Ki Ageng Selo teh luluhurna mah Prabu Brawijaya.

Prabu Brawijaya, raja pamungkas Majapahit ti pamajikan nu pangorana boga anak ngaranna Bondan Kejawen. Tah, Ki Ageng Selo teh incu Bondan Kejawen.

Ki Ageng Selo kungsi ngalamar jadi Prajurit Tamtama, pasukan penggempur Kerajaan Demak, jaman Sultan Trenggana, awal abad ka-16. Ngan Ki Ageng Selo nu lahir ahir abad ka- 15 atawa awal abad ka-16 henteu ditarima.

Pangna Ki Ageng Selo ditolak, waktu diuji sina meruhkeun banteng, Ki Ageng Selo siga nu miceun panempona basa getih kaluar tina hulu banteng.

Baca Juga: Talang Irigasi Titinggal Walanda di Sumedang, Dipake Keneh Meuntas ku Warga

Ku Demak dianggap Ki Ageng Selo henteu nyumponan syarat jadi prajurit elit: teu kuateun nempo getih. Ki Ageng Selo rada teu ngeunaheun ditolak jadi prajurit Demak teh.

Ki Ageng Selo hayangeun ngadegkeun karajaan sorangan. “Mun teu kalaksanakeun, turunan kaula nu bisa ngawujudkeunana,” ceuk Ki Ageng Selo kedal ucap.

Ucapan Ki Ageng Selo ngabukti, anak incuna nu ngaranna Sutawijaya atawa Ngabehi Loring Pasar, ngadegkeun Karajaan Mataram kadua (Islam), nyekel kakawasaan ti taun 1587 Masehi tepi ka taun 1601 Masehi.

Ari Karajaan Mataram kahiji mah diadegkeun ku Sanjaya, teureuh Galuh (Ciamis) nu indungna ahli waris Karajaan Medang.

Baca Juga: Misteri Gunung Salak, Mistik jeung Pependeman Harta Karun

Newak gelap
Sanggeus karuhan teu ditarima jadi prajurit Tamtama, Ki Ageng Selo lunta ka hiji desa wetaneun Tawangharjo, Kabupaten Purwodadi. Jadi patani. Neuleuman elmu agama, filsafat jeung elmu keur ngalegaan pangaruhna.

Desa tempat dumukna laju dingaranan Desa Selo. Ki Ageng Selo tilar jeung dimakamkeun di Desa Selo.

Dina tradisi lisan di sababaraha daerah di Jawa Tengah, babakuna di Desa Selo, salahsahiji kasakten Ki Ageng Selo teh bisa newak gelap. Carita kieu: hiji mangsa, waktu Ki Ageng Selo geus macul disawah, langin ujug-ujug mendung, teu lila breg hujan, dibarung ku gelap dor-dar.

Ki Ageng Selo kasember gelap, tapi samemeh tepi ka awakna, gelap teh ditewak. Sanggeus dicangkalak mah gelap teh wujudna kawas naga, sakumaha nu aya dina ukiran Lawang Gledheg di Masjid Agung Demak.

Baca Juga: Mabokuy, Momones Anyar Ti Rajadesa, Ciamis, Mucunghul tina Jiwa Seni Warga nu Apal Kana Potensi Desa

Gelap nu bentukna naga teh ku Ki Ageng Selo dicangcang dina tangkal Gandrik. Ku Ki Ageng Selo, “naga” gelap teh dibawa ka Demak, ditembongkeun ka Sultan Demak.

Nagana ujug-ujug robah wujud jadi aki-aki. Diasupkeun kana kurungan beusi, ditjunda di alun-alun sarta dilalajoan ku rahayat.

Sanggeus sababaraha poe jadi lalajoeuneun, kurunyung nini-nini nyampeurkeun kurungan bari mawa kendi nu dieusian cai herang. Ku eta nini-nini, aki-aki nu keur ngaringkuk dina kurungan teh dibanjur ku cai kendi.

Ujug-ujug kadenge sora gelap tarik pisan. Aki-aki jeung nini-nini ngaleungit, duka ka mana arinditna.

Baca Juga: Awi, ti Mimiti Parabot Dapur, Wawadahan Tepi ka Bahan Bangunan

Gandrik
Tina tradisi lisan bieu, masarakat di sababaraha daerah, di antarana nu dumuk di tutugan Gunung Merapi jeung Gunung Merbabu mibanda cara pikeun nyinglar sangkan gelap teu matak nyilakakeun.

Mun keur hujan dibarung ku gelap dor-dar, masarakat ngucapkeun kalimah: “Gandrik, aku iki putune Ki Ageng Selo”. Ieu kalimah nu hartina: “Gandrik, kami incuna Ki Ageng Selo” dipercaya bisa nyinglar sangkan henteu disamber gelap.

Di Demakna sorangan, mucunghul mitos di wewengkon Demak mah tara aya gelap, masih hujan sakumaha badagna oge. Taya aya gelap teh cenah lantaran gelapna geus ditewak ku Ki Ageng Selo.

Naha enya di Demak tara aya gelap? Kungsi kajadian sawatara taun katukang dua urang patani tilar kasamber gelap. Malah taun 2004 mah, gelap teh nyamber kubah Masjid Agung Demak.

Baca Juga: Seni Sintren di Desa Dukuhbadag, Baheulana Dibawa ku Kukurung

Jadi sabenarna mah Demak henteu bebas tina gelap. Aya oge nu nyebutkeun anu tara aya gelap mah di Desa Selo.

Pangna di Demak tetep aya gelap teh, cenah alatan gelap nu ditewak ku Ki Ageng Selo nu saterusna jadi aki-aki, ceuk versi sejen jadi batu, nu dikurung dina jaruji beusi dibebaskeun ku nini-nini ku cara dibanjur ku cai tina kendi.

Najan kitu angger wae Demak kakoncara kota bebas gelap, alatan gelapna geus dicangkalak ku Ki Ageng Selo.***

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler