Talang Irigasi Titinggal Walanda di Sumedang, Dipake Keneh Meuntas ku Warga

- 27 Januari 2023, 16:15 WIB
Talang irigasi di Sumedang/Galura/Dok Aam PS
Talang irigasi di Sumedang/Galura/Dok Aam PS /

GALURA - Bahaya saenyana mah meuntas walungan Cipeles, Sumedang, Jawa Barat, kana talang irigasi teh.

Enya, apanan talangna talang baheula. Keur titincakanna oge apan ukur papan nu geus barolongor alatan geus barobo.

Sajaba ti eta, panjang talang pameutasanana lain sameter dua meter, tapi aya kana sapuluh meterna, nurut kana rubakna walungan Cipeles.

Baca Juga: Misteri Gunung Salak, Mistik jeung Pependeman Harta Karun

Parandene kitu, warga di opat dusun di Kabupaten Sumedang di wates Kacamatan Sumedang Selatan jeung Sumedang Utara, nepi ka ayeuna ngagunakeun keneh eta talang keur pameuntasan.

Teu kolot teu budak, teu awewe teu lalaki, meh unggal waktu ngagunakeun eta talang. Eta teh teh kaasup barudak sakola dasar nu rek atawa mulang sakola.

“Tuda sasak gantung nu diwangun ku Pamarentah anggang teuing,” cek Deden, hiji tukang ojeg nu biasa mangkalan di sabudeureun sasak, di Dusun Nangtung Rt 04/08 Desa Ciherang Kacamatan Sumedang Selatan, nembrakeun alesanna.

Baca Juga: Desa Mandiri di Kabupaten Ciamis terus Nambahan, Ketua APDESI Kabupaten Ciamis: Hasil Karancagean Kepala Desa

Sasak nangtung nu ditujulna teh nyaeta Sasak Burujul, kira sakilometer anggangna ti eta talang.

Alatan sasak gantung Burujul jauh, sok sanajan bahaya, warga maksakeun maneh nincak papan eta talang.

Halaman:

Editor: Aam Permana S


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x