Talang Irigasi Titinggal Walanda di Sumedang, Dipake Keneh Meuntas ku Warga

- 27 Januari 2023, 16:15 WIB
Talang irigasi di Sumedang/Galura/Dok Aam PS
Talang irigasi di Sumedang/Galura/Dok Aam PS /

Deden oge netelakeun, eta talang, aslina mah teu dipasangan papan jeung cecekelan. Ngan sanggeus sok dipake pameuntasan, warga pirajeunan masangkeun kai atawa papan kandel keur titincakan. Warga oge ngahaja masang kawat keur cecekalan.

Sawatara waktu ka tukang, pamarentah kungsi masang plang pamahing ngalalar eta talang keur nu awatna beurat atawa babawan. Eta plang didasaran ku kahariwang pamarentah kakuatan talang mingkin ngurangan, jeung nu ngalalarna tinemu jeung balai.

Ngan duka ku naon, umur plang teu lana. Sabulan dua bulan ti saprak dipasang, plang tea aya nu nyabut. Antukna, warga nu awakna beurat atawa babawaan barang oge, nepi ka ayeuna angger ngalalar ka eta talang, sabab hayang nyingget waktu tea.

Baca Juga: Putri Anjungsari (9)

Nurutkeun Deden, umur eta talang teh ayeuna geus leuwih ti saratus taunna. Nilik eta angka, Dadan hariwang kaayaan eta talang saenyana geus teu weweg deui cara baheula. Bisa wae aya bagean nu lesot atawa bobo, anu can kapaluruh.

“Ku kituna, cek abdi mah, saena ayeuna aya deui pamahing. Sajaba ti pamahing ngalalar ulah babawan nu beurat, oge embaran ulah sologoto,” cek Deden.

Kangaranan barang, sok sanajan kuat jeung weweg oge pasti bakal aya ruksakna, ari teu dijaga mah.

Baca Juga: Rumpaka atawa Lirik Lagu 'Runtah' ti Doel Sumbang Nu Viral Nepi ka Kiwari

Deden miharep, eta talang teu nepi ka ngabalukarkeun kajadian anu teu dipiharep nu patalina jeung manusa!***

Halaman:

Editor: Aam Permana S


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x