Talang Irigasi Titinggal Walanda di Sumedang, Dipake Keneh Meuntas ku Warga

- 27 Januari 2023, 16:15 WIB
Talang irigasi di Sumedang/Galura/Dok Aam PS
Talang irigasi di Sumedang/Galura/Dok Aam PS /

GALURA - Bahaya saenyana mah meuntas walungan Cipeles, Sumedang, Jawa Barat, kana talang irigasi teh.

Enya, apanan talangna talang baheula. Keur titincakanna oge apan ukur papan nu geus barolongor alatan geus barobo.

Sajaba ti eta, panjang talang pameutasanana lain sameter dua meter, tapi aya kana sapuluh meterna, nurut kana rubakna walungan Cipeles.

Baca Juga: Misteri Gunung Salak, Mistik jeung Pependeman Harta Karun

Parandene kitu, warga di opat dusun di Kabupaten Sumedang di wates Kacamatan Sumedang Selatan jeung Sumedang Utara, nepi ka ayeuna ngagunakeun keneh eta talang keur pameuntasan.

Teu kolot teu budak, teu awewe teu lalaki, meh unggal waktu ngagunakeun eta talang. Eta teh teh kaasup barudak sakola dasar nu rek atawa mulang sakola.

“Tuda sasak gantung nu diwangun ku Pamarentah anggang teuing,” cek Deden, hiji tukang ojeg nu biasa mangkalan di sabudeureun sasak, di Dusun Nangtung Rt 04/08 Desa Ciherang Kacamatan Sumedang Selatan, nembrakeun alesanna.

Baca Juga: Desa Mandiri di Kabupaten Ciamis terus Nambahan, Ketua APDESI Kabupaten Ciamis: Hasil Karancagean Kepala Desa

Sasak nangtung nu ditujulna teh nyaeta Sasak Burujul, kira sakilometer anggangna ti eta talang.

Alatan sasak gantung Burujul jauh, sok sanajan bahaya, warga maksakeun maneh nincak papan eta talang.

Padahal, mun talobeh, bisa wae ragrag ka walungan nu luhurna tina talang aya kana sapuluh meterna. Jabaning walungan teh pinuh ku batu sareukeut, atawa mun keur usum ngijih, cainana umpal-umpalan matak paur.

Baca Juga: Milu Makalangan dina Serial ‘The Last of Us’, Christine Hakim Kapeto Jadi Ilmuwan Indonesia

“Ah da dugi ka ayeuna, asa teu acan kantos aya nu meuntas murag ka walungan. Janten, urang dieu, enjoy we, Kang,” cek Deden deui. Kituna teh bari ditungtungan ku seuri.

Anapon warga nu tug ka kiwari ngagunakeun talang keur meuntas, nyaeta warga nu dumuk di opat dusun di Kacamatan Sumedang Selatan jeung Sumedang Utara.

Opat dusun nu ditujul teh nyaeta Dusun Nangtung, Rancamaya jeung Pangangonan, Desa Ciherang, Kac. Sumedang Selatan, jeung Dusun Ciwaru, Desa Girimukti, Kac. Sumedang Utara.

Baca Juga: IGORA Sindangkasih Ciamis Ngagelar Kajuaraan Badminton, SDN 1 Sindangkasih Juara I Putra-Putri

Sajaba ti eta, warga nu rek jarah ka Makam Karamat Gunung Nantung, nu biasana ti luar kota.

Perenahna talang irigasi teh kira dalapan meter ti sisieun Jalan Bandung-Sumedang. Eta sababna, warga nu aya di opat dusun tadi, mun rek ka kota atawa mulang deui ka lemburna, leuwih resep ngagunakeun eta talang. Babakuna anu teu ngagunakeun motor sumawonna mobil.

Sedengkeun mun ngagunakeun sasak gantung Burujul, warga ti Nangtung upamana, kudu leumpang heula aya kana sajamna. Pon kitu deui anu arek ka Nangtung.

Baca Juga: Dina Film Serial ‘The Last of Us’, Jakarta jadi Sumber Sasalad

Ku kituna, talang irigasi teh bisa nyingget waktu keur warga anu rek indit-inditan kaluar kota, atawa rek ka Kampung Nangtung nu di pasirna aya Makam Karamat Nangtung.

Kungsi aya plang pamahing

Nurutkeun Deden, sakaterangna, eta talang teh titinggal jaman Walanda. Eta talang diadegkeun ku Walanda nyaeta keur ngamalirkeun cai tina irigasi Nangtung, ka lembur nu aya dipeutaseunana.

Eta talang oge minangka bukti gedena perhatian Walanda sarta pamingpin Sumedang dina jamanna, kana widang tatanen di Sumedang.

Baca Juga: Kalender Sunda, Lain Kalender Klenik, Tapi Dumasar Itungan Matematis

Ngeunaan ti iraha eta talang dipake pameutasan, Deden ngaku teu apal.

“Tapi, numutkeun almarhum pun aki mah, ti saprak eta talang ngadeg oge, urang dieu tos aya nu pirajeunan ngamangpaatkeun talangna kanggo meutas,” pokna.

Sakumaha dongeng ti akina, nurutkeun Deden, ti baheula eta talang buatan Walanda teh weweg kacida.

Beusi nu dipakena oge beusi waja petingan nu dina jaman ayeuna mah kawasna moal aya nu nyieun deui. Awahing ku weweg dipake meuntas ku sapuluh urang oge, teu oyag-oyag acan.

Baca Juga: Ngelehkeun Borneo FC 1-0, Persib Bandung Ngangsrod ka Puncak Klasemen Liga 1, Bobotoh : Luis Milla Hebat!

Deden oge netelakeun, eta talang, aslina mah teu dipasangan papan jeung cecekelan. Ngan sanggeus sok dipake pameuntasan, warga pirajeunan masangkeun kai atawa papan kandel keur titincakan. Warga oge ngahaja masang kawat keur cecekalan.

Sawatara waktu ka tukang, pamarentah kungsi masang plang pamahing ngalalar eta talang keur nu awatna beurat atawa babawan. Eta plang didasaran ku kahariwang pamarentah kakuatan talang mingkin ngurangan, jeung nu ngalalarna tinemu jeung balai.

Ngan duka ku naon, umur plang teu lana. Sabulan dua bulan ti saprak dipasang, plang tea aya nu nyabut. Antukna, warga nu awakna beurat atawa babawaan barang oge, nepi ka ayeuna angger ngalalar ka eta talang, sabab hayang nyingget waktu tea.

Baca Juga: Putri Anjungsari (9)

Nurutkeun Deden, umur eta talang teh ayeuna geus leuwih ti saratus taunna. Nilik eta angka, Dadan hariwang kaayaan eta talang saenyana geus teu weweg deui cara baheula. Bisa wae aya bagean nu lesot atawa bobo, anu can kapaluruh.

“Ku kituna, cek abdi mah, saena ayeuna aya deui pamahing. Sajaba ti pamahing ngalalar ulah babawan nu beurat, oge embaran ulah sologoto,” cek Deden.

Kangaranan barang, sok sanajan kuat jeung weweg oge pasti bakal aya ruksakna, ari teu dijaga mah.

Baca Juga: Rumpaka atawa Lirik Lagu 'Runtah' ti Doel Sumbang Nu Viral Nepi ka Kiwari

Deden miharep, eta talang teu nepi ka ngabalukarkeun kajadian anu teu dipiharep nu patalina jeung manusa!***

Editor: Aam Permana S


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x