IGORA Sindangkasih Ciamis Ngagelar Kajuaraan Badminton, SDN 1 Sindangkasih Juara I Putra-Putri

- 27 Januari 2023, 10:00 WIB
Juara kahiji putra putri kajuaraan badminton sakacamatan Sindangkasih Ciamis dipoto bareng jeung Ketuga PGRI, Korwil  Pendidikan, jeung Ketua K3S.
Juara kahiji putra putri kajuaraan badminton sakacamatan Sindangkasih Ciamis dipoto bareng jeung Ketuga PGRI, Korwil Pendidikan, jeung Ketua K3S. /

GALURA -Enggoning ngipuk bibit atlit badminton (bulutangkis), Ikatan Guru Olahraga  (IGORA) Kecamatan Sindangkasih, Kabupaten Ciamis, Jawa Barat, sawatara waktu ka tukang ngagelar Olimpiade Olahraga Siswa Nasional  (O2SN).

Dina ieu O2SN nu digelar ku IGORA Kecamatan Sindangkasih,  dilombakeun badminton keur tingkat SD sa-Kecamatan Sindangkasih. 

Kajuaaran badminton dina O2SN Kecamatan Sindangkasih nu digelar ku IGORA Kecamatan Sindangkasih, juara kahiji putra: SDN 1 Sindangkasi jeung juara kahiji putri oge beunang ku SDN 1 Sindangkasih.

Anu jadi juara kahiji bakal jadi patandang di O2SN tingkat Kabupaten Ciamis nu bakal dilaksanakeun samemeh bulan Romadon.*** Jarkasih

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x