Kasidah Cinta Hindun binti Utbah Karya  Rosyid E. Abby Minton di Gedung Rumentang Siang Saptu Ahad Ayeuna

- 20 Maret 2024, 09:13 WIB
Teater Senapati  magelarkeun Kasidah Cinta Hindun binti Utbah di Gedong Kesenian Rumentang Siang Kosambi Bandung, Saptu-Ahad (23-24/03/2024).
Teater Senapati magelarkeun Kasidah Cinta Hindun binti Utbah di Gedong Kesenian Rumentang Siang Kosambi Bandung, Saptu-Ahad (23-24/03/2024). /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Iber pikabungaheun pikeun nu mikameumeut pagelaran teater. Teater Senapati  magelarkeun Kasidah Cinta Hindun binti Utbah, drama Sunda karya Rosyid E Abby, garapan sutradara Rosyid E Abbby jeung Dadan Ramdani  di Gedung Kesenian (GK) Rumentang Siang, Jalan Baranangsiang Nomer  1, A. Yani (Kosambi) Bandung, Saptu-Ahad, 23-24 Maret 2024.

Dina kateranganana Rosyid nyebutkeun, ieu pentas drama musikal dirojong ku 50 pamain. Konsep garapnana ngadumaniskeun seni drama, haleuang (seni musik), jeung seni tari (gerak/koreo), kalayan media dialogna makè basa Sunda.

Kasidah Cinta Hindun binti Utbah sabenerna kungsi dipentaskan ku Rosyid E. Abby kalayan judul nu sarua taun 2016, ku kelompok teater nu sarua.

Baca Juga: Art In Motion di ISBI Bandung Kompetisi Seni Indonesia Walanda

Pagelaran minangka runtuyan ti pentas episode Drama Sunda Religi “Kasidah Cinta”, nu dipagelarkeun saban taun di bulan Romadon (ti 2006) ku kelompok Teater Senapati SMA Pasundan 3 Bandung.

Kasidah Cinta Jilid I judulna Kasidah Cinta Jalma-jalma nu Iman (2006), laju Kasidah Cinta jilid-jilid saltuluyna, nyaèta “Kasidah Cinta Sang Muadzin” (2007 & 2019), “Kasidah Cinta Sang Singa Allah” (2008 & 2017), “Kasidah Cinta Sang Sahabat” (2009), “Kasidah Cinta Sang Abid” (2010), “Kasidah Cinta di Palagan Karbala” (2011), “Kasidah Cinta Al-Kubra” (2012, 2018, 2023), “Kasidah Cinta Al-Faruq” (2014), “Kasidah Cinta Shahabiyah” (Hindun binti ‘Utbah) (2016, 2024), jeung “Kasidah Cinta Hamzah Asadullah” (2017).

Jadi, ceuk Rosyud dina kurun waktu 18 taun ti 2006, Teater Senapati ukur reureuh 5 kali ngeusi pentas Romadon, nyaèta dina taun 2013 jeung 2015 lantaran kaayaan nu teu ngamungkinkeun. Saleuwihna sabab sasalad (2020, 2021, 2022).

Pentas Romadon Teater Senapati  ayeuna  dideudeul para aktor senior saperti Euis Balebat, Eka Candra W, Deden Bel, Apip Catrix, Dado Tisna, Superjonesia, jeung nu sèjènna, di sagèdèngeun para aktor ti komunitas teater kampus katur SMA Pasundan 3 Bandung.

Diangkat tina dengdamna Hindun

Kasidah Cinta Hindun Binti Utbah kasang tukangna jaman jahiliyah di tanah Arab. Diangkat tina kajadian Perang Badar. Nyaritakeun malespatina Hindun binti Utbah alatan basa Perang Badar Kubra, nu jadi bapana ( Utbah bin Rabi’ah), pamanna (Syaibah bin
Rabi’ah), jeung lanceukna (Al-Walid bin ‘Utbah), tiwas ku paman Rasulullah SAW, Hamzah bin Abdul Muthalib.

Baca Juga: Kinanti, Olahraga jeung Seni Ibing Penca Silat

Hindun wera jeung ngunek-ngunek. Inyana dengdam ka nu geus matèni kulawargana. Hindun ngarencanakeun males pati. inyana ngajangjikeun ngabèbaskeun saurang budak belian, Wahsyi, mun seug bisa matèni Hamzah bin Abdul Muthalib.

Nya dina Perang Uhud nu ti pihak urang jahiliyah dipingpin Abu Sufyan bin Harb, salakina, dengdam Hindun punah. Dina ieu perang  Hindun mingpin kaom hawa nyumangetan salaki-salakina ka pangperangan nyanghareupan kaum muslimin ku tatabeuhan jeung ngahaleuangkeun syair-syair.

Nalika Wahsyi bisa matèni Hamzah, Hindun mudalkeum eusi dada Hamzah. Jajantung Hamzah digayeum tuluy diutahkeun deui. Peta Hindun kitu tèh jadi katelah “Aakilatul Akbaad” (nu ngadahar jajantung), .

Teu ukur kitu Hindun ogè ngajadikeun irung jeung daun ceuli Hamzah gagantèl kongkorong. Kitu Hindun samèmèh meunang hidayah Allah.

Dina peutingan Futuh Makkah (Fathu Makkah) bulan Romadon, Abu Sufyan bin Harb balik ka Mekah sanggeus nyanghareup Rasulullah Saw di Madinah tur ikrar  ngagem agama Islam. Hindun ogè dua poè ti dinya ngedalkeun kalimah syahadat.

Sanggeus jadi muslimah, Hindun teu welèh narèkahan keur nguatkeun kaimananana. Inayana milu jihad jeung kaum muslim sèjènna. Hindun satèkah polah mupus kalakuan mangsa ka tukang.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x