Tari Awi Ayo Sunaryo, Ngebrehkeun Awi Dalit jeung Urang Sunda

- 12 Desember 2023, 13:00 WIB
Pagelaran Tari Awi kara Ayo Sunaryo, dosen UPI Bandung.
Pagelaran Tari Awi kara Ayo Sunaryo, dosen UPI Bandung. /

GALURA.CO.ID -Ayo Sunaryo, seniman kalahiran Kampung Boréas, Kacamatan Kalijati, Subang, kungsi ngagelar karya tari dina wangun kontémporér anu judulna Awi. Luyu jeung judul katut jejer karya tari, kostum, properti katut pakakas tari séjénna, bahanna tina awi.

Sawidak mahasiswa Departemén Tari Fakultas Seni dan Désain Universitas Pendidikan Indonésia (UPI) Bandung, anu geus maraké dangdanan tina awi téa, saméméh der ngaréngkak téh sina anteng ngadéngékeun gending tina awi anu disanggi ku Iwan, dosén musik UPI.

Lian ti musik ogé barudak mudu ngadéngékeun rajah pamuka jeung pamunah. Réngsé éta, para mahasiswa téh nyieun formasi, jeung ngarigig, anu réngkakna luyu jeung téma anu keur digarap. Témbong sarumanget naker, tuhu kana pancén anu geus diguratkeun ku sang koréografer, Ayo Sunaryo.

Baca Juga: Penca Silat Gelanggang Putra Si Macan Tutul, Euyeub ku Prestasi

Ceuk ieu dosén Departemén Tari Fakultas Seni dan Désain UPI Bandung, tangkal awi téh dalit pisan jeung kahirupan urang Sunda. Ti mimiti gubrag ka alam dunya, baheula mah tali ari-ari orok dikeureutna ku hinis awi, atuh waktu sirah nyanghareup ngalér, atawa pungkas riwayat hirup, atawa tinemu ajal, diukur awak keur ngali kuburan maké awi, pon kitu deui pasaran jaman béh dituna mah dijieunna tina awi.

Awi dina kahirupan

Mémang, dina kahirupan urang Sunda, ti mimiti dapur, tengah imah, tepas, buruan, kebon, sawah, walungan, réa maké paka­kas tina awi. Contona pakakas dapur: hihid, aseupan, boboko, pipiti, parako, téténong. Pakakas tengah imah: kojong, telebug. Di tepas: bekong. Di golodog: cempéd, usuk, eréng, tarajé.

Di buruan: pager, pangajul, paranjé, kandang hayam, kandang munding, kandang domba. Atuh ka walungan mawa jeujeur, korang, bubu, badodon, sair, di sawah  jeung di kebon aya kokoprak, di susukan aya batok ngi­sang, jeung sajabana. Cohag­na, awi réa pisan gunana pikeun ka­hirupan.

Sanajan geus jeneng jadi dosén, sanajan geus boga kalungguhan, pikeun seniman anu motékar mah tara kaeurad ku jabatan, jiwa kréatorna angger kapiara, kamotékaranna ka kamalirkeun. Dina ngamalirkeun kréativitasna teu kawatesanan ku tempat, di mana baé pikeun Ayo bisa nyicikeun kamotékaranna, kaasup di lembur anu ngabutuhkeun gawé rancagéna.

Baca Juga: Ketua Pepadi Ciamis: Binojakrama Pedalangan Wayang Golek Purwa tingkat Kabupaten Ciamis Digelar Mei 2024

Pagawéan jeung kalungguhan teu jadi bangbaluh, malah jadi tanaga. Sok komo kalungguhanna jadi dosén seni, lian ti kudu jejem ngabdikeun diri ka nagara, ogé kudu méré conto ka mahasiswana, boh dina cara ngajar, boh dina gawé rancagé. Idéalna, dosén tari mah kudu bisa nerapkeun téknik ngigel anu luyu jeung tungtutan éstétika ibingan. Kitu deui dina jihad kréativitas, kudu bisa némbongkeun karya tarina.

Ayo Sunaryo,  sajeroning ngatik ngibing jeung komposisi tari, di panganjrekanna, di Komplék Perumahan Pondok Padalarang Indah  (PPI) Blok G-8 No. 23 Bandung Barat 40553, ogé ngatik seni ibing ka barudak lembur, anu diwadahan ku Sunaryo Dancetheatre, jeung Arga Studio. “Sok sanajan ngokolakeun sanggar seni, tara dugi ka ngantunkeun pancén anu poko, janten dosén tari. Ngadegkeun sanggar téh éstu dina raraga ngabdikeun seni pikeun masarakat,” pokna.

Anu jadi pangjurung-laku uyek matéakeun sanggar seni di kampus jeung di luar kampusna, cénah, taya lian dina raraga nanjeurkeun seni ibing Sunda, ha­yang némbongkeun kapunjulan seniman tari Sunda, anu salila ieu, tatar Sunda, hususna tatar Bandung, arang dilieuk ku seniman tari nusantara jeung mancanagara. Contona tepi ka danget kiwari arang pisan Kota Bandung jeung kota-kota séjénna nu aya di Jawa Barat dipaké pasamoan tari tingkat nasional jeung internasional. 

“Bandung mah sok diliwatan baé ku koréografer tingkat nasi­onal jeung internasional, babakuna dina garapan tari kontémporér. Dugi ka danget ayeuna mung ukur paguron luhur seni anu sok dianggo panglawungan tari kontémporér tingkat nasional jeung internasional téh, di panggung seni di luar kampus mah arang pisan. Padahal di Kota Bandung seueur pisan kréator tari nu tiasa cacarita jeung cumarita dina ambahan anu langkung lega,” ceuk ieu koréografer ngora anu ngarasa kasundut sumangetna ngélébétkeun éksisténsi seniman tari Sunda sangkan diajénan ku seniman nusantara jeung mancanagara.

Baca Juga: Dani Yusup Edi Putra, Dalang Cilik ti Desa Kaso, Sirung Pidalangeun Moyan ti Kabupaten Ciamis

Ceuk  ieu lalaki kalahiran taun 1977, tari tradisi jeung kréasi, kaasup tari kontomporér, mekarna kudu sawirahma. Tari tradisi teu turun ti langit, teu jadi sa­cara alami, medalna tina kamotékaran, atawa hasil tina kréativitas. “Anu disebat ibing tradisi kiwari, medalna tina kréasi karuhun urang Sunda bihari jeung kamari. Éra temen mun seniman tari Sunda kiwari teu mampuh nyieun tadisi anyar,” pokna téh.

Dumasar kana éta hal, Ayo Sunaryo ngalalanyahan, ngeureu­yeuh ngaréka, ngaropéa, sarta nyipta ibingan kontémporér, anu sumber garapna tina kasenian tradisi. Modalna geus nyampak, ti keur burey kénéh Ayo dalit jeung kasenian topéng banjét, ki­liningan bajidoran, wayang golék, sisingaan, ketuk tilu, ibing penca, gen­jring ronyok, belentuk ngapung, gembyung, tutunggulan, jeung seni tradisi has pakaléran séjénna. 

“Nu disebat tari kontémporér téh tari wanda kiwari, anu wangun garapna teu kauger ku patokan ibing tradisi. Tapi sanés hartosna dijieun sakarepna, lebah komposisi tari mah ngindung ka padika wangun seni. Ngagarap komposisi ibing kontémporér karaos laluasa lebah nyicikeun ide, jeung ngaropéa gerakna. Sumber garapna anu ku simkuring dijadikeun tatapakan, nyaéta tina sungapan tradisi,” ceuk ieu seniman lulusan Jurusan Tari Sekolah Menengah Karawitan Indonesia (SMKI, ayeuna SMKN 10 Bandung, anu kiwari geus boga gelar magester pendidikan di UPI Bandung.***

 

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah