Seni Umbul di Kabupaten Sumedang, Asalna ti Indramayu jeung Cirebon

- 6 Maret 2023, 10:02 WIB
Pintonan seni umbul di basisir Waduk Jatigede Kabupaten Sumedang sawatara waktu ka tukang. Seni umbul asalna ti Indramayu jeung Cirebon.
Pintonan seni umbul di basisir Waduk Jatigede Kabupaten Sumedang sawatara waktu ka tukang. Seni umbul asalna ti Indramayu jeung Cirebon. /Yaya Kuswaya/Galura

GALURA -Umbul umbul kerekan balon, budak gundul jebul ti kulon. Kitu salahsahiji rumpaka kakawihan barudak di pilemburan Kabupaten Sumedang taun 1960-an. Teu jinek naha ieu teh rumpaka anu resmi dina pagelaran seni umbul nu asalna ti Indramayu jeung Cirebon atawa guyonan barudak mangsa harita bae.

Seni umbul  jolna ti Indramayu jeung Cirebon, mimiti asup ka Sumedang kira-kira taun 1940, mimitina ka lembur Parugpug Kacamatan Paseh ayeuna. Ti dinya mekar ka wewengkon sejen di Kabupaten Sumedang.

Ku lantaran seni umubul seni jolna ti wewengkon Indramayu atawa Cirebon, atuh teu aneh lagu-lagu kojona diwarnaan ku lagu-lagu cirebonan jeung dermayonan, saperti lagu umbul, adem ayem jeung sajabana.

Baca Juga: Ki Darman, Urang Jawa nu Munggaran  Nyieun Wayang Golek di Tatar Sunda

Beh dieu seni umbul karek dipasiep ku lagu-lagu Sunda anu nadana teu jauh bedana jeung lagu kojo dina pagelaran seni umbul.

Di Kabupaten Sumedang oge seni umbul teh raket jeung kahirupan somah jaman harita, saperti banjet jeung doger di Karawang, longser di Bandung, milu mapaesan seni tradisi di Kabupaten Sumedang.

Teu kacatur naha ieu seni umbul teh aya patalna jeung jabatan Kepala Wilayah jaman Kolonial Belanda nu di sebut umbul tea. Nu jelas, seni umbul anu ilahar minton ti peuting sanajan pada mikaresep teh, teu boga tempat anu matuh.

Dina midangna kitu bae pipindahan ti lembur ka lembur anu datangna tanpa diondang. Ngamen tea disebutna, biasana sabada waktu panen di pilemburan, tempatna di nu sakira laluasa saperti lapang atawa alun alun dina waktu diayakeun pasar malem.

Baca Juga: Galeri Abah Djani di Museum Wayang Purwakarta, Wayang Golek Wanda Purwakarta

Mun teu kitu di buruan imah nu lega.Tara make papanggungan, kitu bae ngampar saaya-aya. Dina haatna oge anu boga buruan paling diamparan ku giribig paranti moekeun pare.

Lilana pidangan seni umbul gumantung ti pangaresep masarakat. Salila masih kalandep mah tampolana tepi ka saminggu tumetep di eta tempat.

Pangaresep di dieu bisa dicirikeun tina jumlah nu lalajo jeung hasil saweran unggal peuting. Anu lalajona saeutik, kurang deui saweran, paling-paling ukur sapeuting isukna pindah deui ka lembur sejen.

Pidangan di mimitian kira-kira jam 8 peuting tepi ka jam satu janari. Waditrana basajan: kendang, ketuk, kecrek, saron jeung goong, jajauheun make spiker atawa sound system.

Baca Juga: Pokdarwis Prabu Wangi Desa Winduraja Magelarkeun Seni Pertunjukan Damar Larung, 12 Maret 2023

Sarengsena pagelaran tara baralik ka lemburna, tapi ngarereb naha di bale desa atawa di imah Tua Kampung kumaha hasil babadamian ti anggalna.

Rombongan seni umbul dipingpin ku kokolot nu disebut Lurah Panjak. Nya manehna anu tanggung jawab sagalana ti mimiti nangtukeun ronggeng, panjak nepi urusan eusi beuteung, babagi hasil jeung kaamanan salila pintonan.

Badami jeung nu boga kakawasaan di tempat pagelaran kabeh tanggung jawab Lurah Panjak.

Ti sore keneh gamelan geus tatalu tangara ka balarea seni umbul geus dimimitian. Lagu bubuka Kembang Gadung, ngahiap-hiap ka para bajidor pikeun milu tandang mair.

Baca Juga: Seni Tradisi Bingbrung Minangka Media Dakwah, Disatengahing Parobahan Pajamanan

Sakirana nu lalajo geus kaitung rea pintonan dimimitian. Gamelan undak wiletanana mirig haleuang salasaurang ronggeng, ngajajap juru tari anu disebut Umbul tea asup ka pakalangan.

Jumlah juru tari aya lima genep urangna, meunang milih anu taregep jeung ahli ngibing tangtuna.

Dangdanan penari umbul jaman harita saluyu jeung pakean tradisi keur wanoja: digelung, disamping anu di handapna beulahna rada rubak, dikabaya katambah make karembong disalindangkeun.

Karembong atawa salempay teh ajangkeun pameungkeut antara nu mairan ngibing, biasana lalaki jeung nyi ronggeng. Teu jauh beda jeung kasenian tayuban di Jawa Tengah jeung Jawa Timur.

Baca Juga: Tarekah Rahmat Angkung ti Saung Angklung Mang Udjo sangkan Angklung Diaku Warisan Dunya ku UNESCO

Alus jeung goreng, tegep jeung henteuna panari umbul gede pangaruhna kana jumlah saweran. Anu lalajo utamana lalaki bisa milu asup ka pakalangan marengan ngibing ka penari anu dipikaresepna.

Mun kalandep dina ibingna cindekna alus panarimaan ti ronggeng dina ngibing bareng tea, nyawerna oge bakal badag.

Katajina ku nyi ronggeng teu euweuheun para bajidor unggal peuting datang mairan ngibing marengan penari kameumeutna. Tina kajadian kitu kadangkala baheula timbul kajadian riributan, pasea marebutkeun nyi ronggeng anu jadi primadonana. Tapi sok gancang dipisah, ulah tepi ka papuket di pakalangan.

Salahsaurang seniman umbul anu ka sohor di Sumedang: almarhumah Ma Jaer. Ieu primadona umbul anu dina mangsa-mangsa jayana katelah Si Ringgit, dumuk di Dusun Parugpug Desa Cijambe Kacamatan Paseh. Pagelaranana teu weleh loba nu lalajona.

Kahirupan seni umbul di Kabupaten Sunedang lumangsung tepi ka ahir taun 1950-an. Ti harita ieu seni ampir pareum.

Ceuk Ma Jaer nu jumeneng tepi ka paro taun salapan puluhan, pareumna seni umbul di Sumedang alatan taya generasi anu nuturkeun tapak lacakna. Di sagigireun ku ayana pangaruh budaya luar anu asup kana kahirupan urang Sunda.***

 

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x