GALURA - Matak geunjleung jeung langsung jadi bukur catur, kitu albeum anyar ti grup idola atawa kameumeut KPop TXT (Tomorrow X Together) teh.
Nu matak kitu, sabab albeum anyar TXT, judulna "The Name Chapter: Temptation" nu dikaluarkeun Jumaah 27 Januari 2023 kamari, langsung kajual rea pisan.
Lain ratusan rebu kajualna albeum anyar TXT teh, tapi langsung leuwih ti 1,8 juta copi dina sapoe.
Baca Juga: Nénéng Dinar: Kudu Aya ‘Political Will’ ti Pamaréntah pikeun Mekarkeun Seni Tradisi di Jawa Barat
Baca Juga: Rumpaka atawa Lirik Lagu 'Runtah' ti Doel Sumbang Nu Viral Nepi ka Kiwari
Baca Juga: Hikmah Pandemi, Doel Sumbang leuwih Getol Nyanggi Lagu Anyar
Kajualna albeum ti grup idola KPop leuwiih ti 1,8 juta copi teh mangrupa rekor anyar keur grup KPop TXT jeung kadua sadunya sahandapeun BTS.
Beja ngeunaan rekor anyar grup TXT teh dilaporkeun ku Kantor Berita Yonhap Minggu 29 Januari 2023 ayeuna.
Ditetelakeun, albeum anyar grup KPop TXT nyitak rekor hade, lantaran kajual 1,8 juta copi dina waktu sapoe, Jumaah 27 Januari 2023.
Baca Juga: Doel Sumbang: Lagu ‘Runtah’ Asalna di Susunan Panghandapna
"Nurutkeun BighHit Music, agensi nu mayungan TXT, albeum 'The Name Chapter: Temptation' kajual 1.868.919 copi dina poe Jumaah," cek Yonhap.
Eta data teh, cenah, katingali tina rekaman albeum nu kajual liwat Hanteo Chart.
Nurutkeun Yonhap, sajaba ti nyitak prestasi tina albeum nu kajual, hiji lagu utamana, nyaeta "Sugar Rush Ride", langsung nerekel ka peringkat tilu tangga lagu "Top 100 Melon.
Ayeuna, nurutkeun Yonhap, lagu utama ti eta almbu langsung nyicingan puncak tangga lagu Album Terata iTunes di 30 nagara di dunya.***