Tb. Hasanuddin Politikus PDI Perjuangan, Teu Reureuh Ngamumule Seni Budaya Sunda

- 25 Januari 2023, 12:30 WIB
Tb Hasanuddin, politikus PDI Perjuangan waktu silaturahmi jeung seniman Sampyong di Desa Baribis, Kecamatan Cigasong, Kabupaten Majalenka (21/01/2023).
Tb Hasanuddin, politikus PDI Perjuangan waktu silaturahmi jeung seniman Sampyong di Desa Baribis, Kecamatan Cigasong, Kabupaten Majalenka (21/01/2023). /

Baca Juga: Jaman Ciamis-Cirebon keur Werit, Ngakalan Begal Disingsieunan ku Bangkong Pabeasan

Pangsiun pangkat mayor jenderal, Tb Hasanuddin ngagabung jeung PDI Perjuangan, partey pingpinan Megawati Soekarnoputri.

Di Pemilu 2009, jadi anggota DPR RI ti PDI Perjuangan. Di DPR RI dipercaya jadi wakil ketua Komisi I. Dina Pemilu 2014 kapilih deui jadi anggota dewan.

Di PDI Perjuangan inyana nyangking kalungguhan Ketua Departemen Politik DPP PDI Perjuangan. Taun 2012 TB Hasanuddin dipercaya jadi Ketua DPD PDI-P Jawa Barat.

Dina Pilgub 2018, PDI Perjuangan nyalonkeun Tb Hasanuddin jadi gubernur Jawa Barat 2018-2023 kalayan wakilna Inspektur Jenderal Anton Charliyan, mantan Kapolda Jabar.

Baca Juga: Ketua DPRD Kabupaten Bandung: KPU Kabupaten Bandung Ngalelece Lembaga DPRD

Dina widang kabudayaan jeung seni, Tb Hasanuddin jadi Ketua Dewan Penasehat Pencak Silat Gagak Lumayung.

“Seni jeung budaya teh karya anak bangsa anu teu bisa dipisahkan,” ceuk Tb Hasanuddin sawaktu jadi keynote speaker dina sarasehan “Budaya untuk Membela Negara” anu dilaksanakeun di RRI Bandung, sababaraha waktu katukang.

Inyana ti SD tepi ka SMA tepi ka danget ieu aub pakepuk dina widang seni jeung budaya. Luluhurna oge sarua ancrub kana seni budaya.

Tb Hasanuddin oge diajar jeung neuleuman penca. Kungsi nyangking juara katilu dina kajuaraan penca tingkat nasional.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x