Ah, teu pira cenah. Baheula manéhna téh ukur jadi ponggawa biasa di karaton. Tiwas basa karaton dirurug musuh.
“Tapi masing aing lain jalma penting gé, tétéla tug ka kiwari loba jalma hirup anu nyambat aing. Nyao maranéhna turunan aing atawa lain da teu apal. Ngan ku sabab maranéhna nyambat aing, nya aing bungah wé. Tah, modél susuguh ieu, pan ladang pangirim ti maranéhna,” cenah.
Kuring neuteup kana kadaharan jiga budak culamétan.
Tapi Si Aki bangun nyaho kana jalan pikiran kuring. Buktina langsung cacarita. Yén rejeki di ieu alam mah, samilikna-samilikna.
“Ieu kahakanan anu ngaleuya, nya ukur hak aing da ti nu méréna ogé jang aing.Teu bisa dibikeun ka nu séjén,” pokna.
Kuring ngahuleng.
“Nu matak mun siya hayang nyatu, nya kudu ngadagoan paméré jalma hirup tina anu disebutna susuguh téa. Lamun euweuh nu boga kaingetan sarupa kitu, nya wayahna siya ihtiar sorangan. Mun hayang sampeu, ngala sorangan. Ngasakan sorangan. Mun hayang kéjo, ngala paré ku sorangan, nutu sorangan, nyangu sorangan. Tuh, loba bungbuahan. Satungtung euweuh nu ngaku-ngaku, kop ala keur hakaneun sapulukaneun mah. Montong sarakah maké kudu dipupu, deuleu!”
“Ari sugan, jalma anu geus paéh mah teu butuh kadaharan, Aki …,” ceuk kuring.
“Nya kumaha labiasaan di alam dunya. Lamun siya keur di dunyana teu makmak-mekmek kana hakaneun, nya di ieu alam, tara ribut soal hakaneun. Ngarasa lapar sih enya, tapi kuat nahan lapar.”
“Ayeuna kuring keur lapar, Ki ….”