“Nya ka turunan siya.”
Ras kuring inget. Si Dédi ka dulur-dulurna kungsi amanat sangkan maranéhna kudu ngiriman ka kuring. Ngan dulur-dulurna teu satuju sabab éta dianggap gawé sirik.
Si Aki-aki téh bangun anu bisa ngadéngé eusi haté kuring da buktina ngahéhéh seuri.
“Ké wé lamun maranéhna geus kalojor, kakara nyaho kaayaan nu sabenerna,” cenah.
Geus kitu, éta aki-aki ujug-ujug nerangkeun kaayaan di ieu alam. Yén ceuk manéhna, satungtung masih kénéh saalam jeung alam manusa, bubutuh jalma nu geus paéh teu pati béda jeung bubutuh jalma hirup.
“Ngarasa lapar mun teu nyatu. Ngarasa tiris mun teu dibaju,” cenah.
Kuring ngahintul.
“Éta siya dibakutet ku boéh?” Si aki nuduhkeun lawon anu nutupan awak kuring. Mémang ieu bawa ti dunya. Pan basa awak diasupkeun kana jero kaluat ogé dibungkus ku boéh.
“Hiji waktu, éta boéh keuna ku butut. Bakal kotor, bakal rangsak. Mun geus ruksak pisan, nya awak siya bakal buligir.”
“Atuh tiris, Ki?”