*
KURING bebelesatan di tempat anu sarua, nyaéta tegalan si awat-awat anu upluk-aplak lir teu manggih tungtung. Poé karasa ceudeum jiga muru ka sareupna. Angin rada gegelebugan. Kana awak gé karasa tiris.
Ku sabab tirisna nataku, basa mireungeuh aya sédong jiga guha batu, kuring ngabelesat muru ka éta tempat.
Ngan basa asup ka jero, kasampak aya aki-aki keur andekak sila, keur nyanghareupan nyiru anu pepek ku rupa-rupa kadaharan. Aya bakakak hayam, aya endog, aya cikopi, aya rurujakan jeung aya surutu. Keun teu kabita ku surutu mah. Ongkoh kuring mah sawaktu keur hirup gé teu beuki kana roko. Ngan éta mireungeuh bakakak hayam jeung sangu congcot, mani bati kumétap jeung karasa lapar.
“Rék naon ka dieu?” ceuk éta aki-aki, sorana teugeug jeung judes.
“Badé ngiring reureuh nun, itu di luar karaos tiris …,” témbal téh bari tetep merong kana dahareun.
“Lapar, nya, siya?”
Kuring unggeuk. Sukur ieu aki-aki surti kana kaayaan kuring.
“Ménta kaituh!”
“Ka saha?”