Kabayan Ngalanglang Jaman (20) : Takdir nu Sarua, Takdir nu Teu Bisa Dipungkir

- 25 Mei 2023, 09:02 WIB
/Desain: REA/

"Euweuh mencek mah, matak naon mun Si Tumang paéhan. Ala atina, bikeun ka indung andika," ceuk éta harewos goib, lir angin ngagisir kana puhu ceulina.

Ngadéngé kitu, Sangkuriang asa dijalanan.

Geuwat manéhna masang jamparing, mesat paser, ceb kana awak Si Tumang. Geus kitu mah, beuteung Si Tumang dibelék, dicokot atina bikeuneun ka Nyi Dayang Sumbi.

Mimitina mah Nyi Dayang Sumbi teu nyahoeun yén anu didahar ku manéhna téh ati Si Tumang, salakina anu salila ieu satia marengan manéhna hirup di leuweung luwang-liwung. Tapi demi anakna balik ka imah bari teu dibarengan ku Si Tumang, haténa jadi curiga. Amarahna beuki ngagidir basa Sangkuriang wakca, yén enya anu didahar ku Nyi Dayang Sumbi téh ati Si Tumang, salakina, anu sasatna bapa tegesna Sangkuriang.        

"Euh, jadi kitu nya, andika gé teu nyaho yén anu dipaténi ku andika téh bapa sorangan? Mun kitu mah, mémang ampir sarua jeung nu kaalaman ku kaula," ceuk Oidipus, sanggeus ngalenyepan lalakon nu kaalaman ku Sangkuriang.

"Ari andika maténi bapa sorangan téh, kumaha tah lalakonna?"    

Baca Juga: IKWI Jawa Barat Ngagelar Rapat Kerja jeung IKWI Jabar Award

"Ampir sarua, kaula gé mimitina mah teu nyaho yén anu dipaténi téh bapa sorangan. Ari lila-lila, kanyahoan geuning éta téh bapa sorangan, kanyahoan yén éta téh bagéan tina takdir kaula nu geus diguratkeun ti barang gumelar kénéh ka alam dunya," témbal Oidipus.  

"Cing, kumaha lalakonna?!" Sangkuriang teu sabareun hayang geura-geura ngadéngékeun lalakon tunggara anu karandapan ku Oidipus, baturna anyar pinanggih.

Oidipus teu gancang némbalan. Manéhna ngadon ngahuleng heula sawatara jongjongan. Mireungeuh kitu, Sangkuriang jeung Profésor Kabayan teu lemék. Da meureun milu ngarasakeun kapeurih nu jadi baturna anyar pinanggih.

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x