Kabayan Ngalanglang Jaman (20) : Takdir nu Sarua, Takdir nu Teu Bisa Dipungkir

- 25 Mei 2023, 09:02 WIB
/Desain: REA/

"Tuluy, kumaha kajadianana tepi ka andika maténi Si Tumang téh?"

Barabat baé Sangkuriang ngadadarkeun lalakon dirina bet tepi ka maéhan Si Tumang, anu justru bapa tegesna.

Hiji mangsa, Nyi Dayang Sumbi téh hayang ngadahar ati mencek. Tepi ka ngaruy ngabayangkeunana ogé. Nya manéhna nitah anakna, Sangkuriang, supaya pangmorokeun ati mencek di leuweung.

"Omat, kudu hasil! Ulah waka balik ka imah mun can hasil mah," ceuk Dayang Sumbi ka anakna.

Sangkuriang anu harita umurna kakara sapuluh taunan, geuwat ngalaksanakeun paménta indungna téa, dibarengan ku Si Tumang.

Baca Juga: Galura Cetak IV Mei 2023, Mahkota Binokasih, Kabupaten Ciamis Mieling Pindahna Puseur Dayeuh Kabupaten Galuh

Tapi geus béak déngkak manéhna sapoé jeput ngubek leuweung, weléh nu ditéangan téh teu kapanggih.

Sangkuriang kungsi putus harepan, tadina mah rék lahlahan baé sasadu ka indungna yén usahana téh teu mawa hasil. Tapi ari dipikir-pikir deui, kapan indungna téh sakitu omat-omatanana, ulah waka balik mun can hasil nu ditéangan. Hartina, mun manéhna nyamos, moal aya hampura ti nu jadi indung.

Mikir ka dinya, haténa mentegeg kacida.

Duka ti mana datangna, jol aya haréwos kana ceulina. Bisa jadi haréwos goib.

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x