GALURA-Poe Rebo, 8 Maret 2023, aya 448 mahasiswa Unversitas Kuningan (Uniku) anu diwisuda.
Eta wisuda mahasiswa teh lumangsung di Gedong Student Center Iman Hidayat Kampus I Uniku, Jalan Cut Nyak Dien Kelurahan Windusengkahan, Kecamatan Kuningan.
Rektor Uniku, Dr. H. Dikdik Harjadi, S.E., nyebutkeun wisuda mahasiswa Uniku dina taun ieu nincak anu ka-28.
Baca Juga: 10 Urang Mahasiswa FH Uniku Nampa Beasiswa Ti FHP Law School
Nincak mangsa masarakat keur mulihkeun paekonomian, pangwangunan sabada sasalad Covid-19.
Patali eta hal, mahasiswa Uniku anu anyar diwisuda dipiharep mampuh milu mulihkeun pangwangunan ku cara gawe rancage.
"Kedah kreatif, inovatif, soson-soson ngiring mulihkeun pangwangunan sabada pandemi," ceuk Dikdik.
Baca Juga: Tilu Mahasiswa Uniku Nyangking Juara 1 Asean Start
Ceuk Dikdik, Uniku malire kana saban regulasi jeung program anu digilindingkeun ku pamarentah, hususna Kemendikbudristek.
Pon kitu deui program Ti LLDIKTI wilayah IV Jabar Banten. Salah sahijina pogram Merdeka Belajar Kampus Merdeka (MBKM).
“Regulasi MBKM teh nyaeta ngarojong dina sababaraha program anu ditawarkeun ku Kemendikbudristek,” pokna.
Baca Juga: Mahasiswa Uniku, Ngadeudeul Kamekaran Wisata Ngaliwatan Poster Jeung Video
Anu dikedalkeun ku Dikdik, dipairan ku Entin Hartini, S.Sos., ti LLDIKTI wilayah IV, selaku analisis pengelolaan keuangan APBN ahli madya jeung pengendalian kegiatan.
Ceuk Entin, Uniku geus mere palayanan anu hade ka masarakat sual atikan.
Ku kituna, pantes lamun sabaraha waktu kaliwat Uniku nampa pangajen Ti LLDIKTI patali program MBKM.
“ Uniku parantos ngajalankeun MBKM anu sae. Buktosna nampa pangajen ti LLDIKTI," ceuk Entin.
Wakil Bupati Kuningan, H.M. Ridho Suganda, M.Si., anu ngaluuhan eta acara, nyebutkeun Pemkab Kuningan katut masarakat nganti kontribusi jeung mahasiswa lulusan Uniku.***