Tilu Mahasiswa Uniku Nyangking Juara 1 Asean Start

- 17 Februari 2023, 18:45 WIB
Tilu mahasiswa Universitas Kuningan (Uniku), Program Studi (Prodi) Desain Komunikasi Visual (DKV) Fakultas Ilmu Komputer (FKOM,  nyangking juara 1 ASEAN STARS kategori lomba “ASEAN Edutourism Video Production”.
Tilu mahasiswa Universitas Kuningan (Uniku), Program Studi (Prodi) Desain Komunikasi Visual (DKV) Fakultas Ilmu Komputer (FKOM, nyangking juara 1 ASEAN STARS kategori lomba “ASEAN Edutourism Video Production”. /DOK UNIKU/

GALURA- Tilu mahasiswa Universitas Kuningan (Uniku), Program Studi (Prodi) Desain Komunikasi Visual (DKV) Fakultas Ilmu Komputer (FKOM,  nyangking juara 1 ASEAN STARS kategori lomba “ASEAN Edutourism Video Production”.


Eta tilu mahasiswa Uniku nu nyangking prestasi teh nyaeta Muhammad Irfan, Reza Nurajizah jeung  Muhammad Faiz Nur.

Prestasi anu kacangking dina lomba  diayakeun sawatara waktu kaliwat, eta tilu mahasiswa Uniku nyieun video pondok, dideudeul ku tim produksi Uniku Pictures, judul-na “The History of Linggarjati”.

Eta lomba diayakeun ku ASIAN STARS WCC Aeronautical and Technological College Binalonan, Tarlac Agricultural University, Philippine.

Baca Juga: Uniku jeung Upgris Rukun Gawe Bidang Akademik, Aya Patalina Reujeung Ngarojong Program Kampus Merdeka

Dina eta video ngawanohkeun kampus jeung  mata kuliah anu raket patalina reujeung budaya, sajarah di daerah  lokasi paguron luhur Uniku.

 

Pembina Uniku Pictures jeung   Sekprodi DKV, Sigit Setya Kusuma, M.Sn.,nyebutkeun basa mimiti nampa beja ngeunaan ayana eta lomba, pihakna langsung ngararancang nyieun video kasebut.

Eta lolongkrang, dimangfaatkeun Hade  ku mahasiswa Uniku, utamana mahasiswa DKV FKOM, hususna  Uniku Pictures minangka  komunitas film.

Baca Juga: Mahasiswa Uniku, Ngadeudeul Kamekaran Wisata Ngaliwatan Poster Jeung Video

Halaman:

Editor: Ajun Mahrudin


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x