SDN Cihanjuang Ngaronjatkeun Kadisiplinan jeung Peupeujeuh Ulah Poho Ibadah nu Jadi Kawajiban

- 15 Februari 2023, 13:45 WIB
Heni Heryani, S.Ag, Kepala SDN Cihanjuang/ Dok. SDN Cihanjuang
Heni Heryani, S.Ag, Kepala SDN Cihanjuang/ Dok. SDN Cihanjuang /

“Salasahiji tarekah ngahontal eta udagan nyaeta ku cara terus numuwuhkeun kadisiplinan ka sakumna warga sakola,” pokna.

Minangka tempat pangajaran, sakola ge diperedih malar ngaronjatkeun prestasi, boh akademik boh nonakademik, katut kaagamaan.

Baca Juga: Putri Anjungsari (28), Kuda geus Lalempo, Lalampahan Jauh Keneh, Aya nu Mere Tanda ku Haseup

Tangtuna bari oge dirojong ku kaayaan lingkungan sakola nu tumaninah, beresih, katut asri.

SDN Cihanjuang teh perenahna di Jalan Raya Cihanjuang, Kampung Centeng, Desa Cihanjuang, Kacamatan Parongpong, Kabupaten Bandung Barat, kalawan diwengku 22 guru jeung kira 600 murid.

Tah, pikeun ngahontal prestasi jeung ngawujudkeun sakola nu beresih teh salasahijina ku cara ngabiasakeun kadisiplinan jeung kamandirian.

Baca Juga: H. Yanto : Ulah Hariwang Aula Kantor Pemerintah Desa Dipake Reses

“Oge ngabiasakeun budaya tartib, laku lampah someah, sarta ngawujudkeun lingkungan sakola nu beresih tur sehat,” pok Heni Heryani.

Dina prak-prakanana proses pangajaran di SDN Cihanjuang, dipiharep parasiswa-siswi teh mampuh miboga prestasi, parigel, mandiri, dilimpud kaimanan jeung katakwaan.

“Mateakeun potensi kacerdasan intelektual, emosional, jeung relijieus siswa, sangkan maranehana miboga daya saeng tur kamandirian. Lian ti eta, geusan ngabentuk kapribadian warga sakola nu boga ciri mandiri dina ngalarapkeun ajen-inajen kapribadian bangsa, sarta tumuwuhna sikep ahlakul karimah," ceuk Heni Heryani. ***

Halaman:

Editor: Aam Permana S


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah