GALURA- Sajumlah mahasiswa Universitas Kuningan (Uniku), hususna program studi Pendidikan Bahasa Inggris (PBI) Fakultas Keguruan dan Ilmu Pendidikan (FKIP), ngarojong pamarentah daerah dina mekarkeun kapariwisataan di Kabupaten Kuningan.
Buktina, salila ieu maranehna aprak-aprakan ka saban objek wisata pikeun nyieun video jung poster pikeun ngadeudeul mekarkeun wisata tea.
Baca Juga: Imah Warga Kahuru di Kuningan, Duit Rp 60 Juta Henteu Kapuluk
Poe Ahad (6/2/2023), eta hasil karya dipamerkeun. Temana Kuningan Wonderland, ngait kana sual tarekah mekarkeun wisata di Kuningan.
Teu Matak heran, lamun nu ngaluuhanna pihak-pihak anu aya patalina sual wisata.
Diantarana siswa-siswa SMKN 2 Kuningan jurusan usaha perjalanan wisata (UPW), diaping Trisye Fujianti Husein, M.Pd.
Baca Juga: Papalidan di Walungan Citanggulun, Lukman : Pikeun Malidkeun Kabingung
Sajaba ti eta wawakil ti Disporapar Dinas Kepemudaan, Olahraga dan Pariwisata (Disporapar) Kabupaten Kuningan, jeung pihak pengusaha wisata di Kabupaten Kuningan
Baca Juga: Panen Pare Munggaran di Desa Kertawangunan, Acep : Patani Kudu Leuwih Motekar
Dina eta pameran, mahasiswa nembongkeun hasil kaparigelan
hasil karya anu ditembrakeun dina poster jeung video.
Boh dina poster boh video, eta aya patalina reujeung tempat wisata anu Aya di wewengkon Kuningan.
Baca Juga: SMP Roudlotul Ulum Bandung Barat, Ngadumaniskeun Kurikulum Nasional jeung Pasantren
Ceuk Gias, pupuhu eta acara, pameran poster teh pikeun ngawujudkeun niley-niley pangabdian masarakat nu kaunggel dina Tri Dharma Perguruan Tinggi.
"Tujuanna mah kanggo ngadeudeul ksmekaran pariwisata di Kabupaten Kuningan," ceuk Gias.
Kaprodi PBI, Muh. Aprianto Budie Nugroho, M.Pd., berharap dengan kegiatan ini kedepannya para alumni PBI bisa ngasah kaahlian anu bisa nyumponan sarat.
Kawas kaahlian komunikasi, bahasa jeung sosial, jeung ngabangun jaringan profesional hususna dina bidang pariwisata.
Wakil Dekan II FKIP, Agus Gunawan, M.Pd., anu muka eta acara ngabageakeun eta acara pameran.
"Mudah-mudahan kapayunna tiasa mayeng. Margi ieu raket patalina kanggo kamekaran pariwisata di Kuningan," ceuk Agus Gunawan.***