Ekskul Literasi jeung Jurnalistik SMK Roudlotul Ulum, Ngokolakeun Mading PENA RU jeung Buletin Sakola

- 28 Januari 2023, 06:49 WIB
Kagiatan pangajaran ekskul literasi-jurnalistik di SMK Roudlotul Ulum, Desa Cihanjuang, Parongpong, Kabupaten Bandung Barat, sawatara waktu kaliwat.*
Kagiatan pangajaran ekskul literasi-jurnalistik di SMK Roudlotul Ulum, Desa Cihanjuang, Parongpong, Kabupaten Bandung Barat, sawatara waktu kaliwat.* /RAMELI AGAM/

GALURA – Ekskul atawa ekstrakurikuler literasi jeung jurnalistik di SMK Roudlotul Ulum téh boga maksud ngawangun kelompok-kelompok literasi sarta jurnalistik di kalangan siswa.

Ekskul literasi jeung jurnalistik SMK Roudlotul Ulum ogé minangka sarana siswa ngamekarkeun minat tur bakat kana bagbagan literasi jeung jurnalistik.

Tina éta ekskul literasi jeung jurnalistik SMK Roudlotul Ulum, dipiharep siswa mingkin kaasah kamampuhna ti mimiti tatahar, nulis, ngédit, tepi ka lagu nepikeun informasi ka masarakat, utamana di lingkungan sakola.

Baca Juga: Ponpes Roudlotul Ulum, Lalakon 20 Taun Ihtiar Geusan Ngagumelarkeun SDM nu Mibanda Ahlakul Karimah

Tah, éta rupaning informasi téh laju ditepikeun ku cara ngamangpaatkeun rupa-rupa media kayaning majalah dinding (mading) PENA RU atawa buletin sakola.

Media mading PENA RU jeung buletin sakola SMK Roudlotul Ulum nu dikokolakeun ku peserta ekskul literasi-jurnalistik dipiharep jadi platform pikeun nepikeun rupa-rupa informasi sabudeureun sakola sarta minangka sarana ekspresi kreativitas literasi siswa.

Waktu ditepungan, Wakil Kepala SMK Roudlotul Ulum Bidang Kesiswaan, Eman Suherman S.Hum, ngeceskeun, ka hareupna, luyu jeung kamekaran jaman, éta ekskul literasi-jurnalistik téh lain waé diancokeun pikeun ngokolakeun mading PENA RU jeung buletin sakola.

Tina ekskul literasi-jurnalistik gé dipiharep tumuwuh kaparigelan peserta enggoning ngokolakeun informasi dina wanda platform media sosial internet.

SMK Roudlotul Ulum téh perenahna di Kampung Cisasawi, Desa Cihanjuang, Kacamatan Parongpong, Kabupaten Bandung Barat.

Baca Juga: Desa Mandiri di Kabupaten Ciamis terus Nambahan, Ketua APDESI Kabupaten Ciamis: Hasil Karancagean Kepala Desa

Kiwari, peserta ekskul literasi-jurnalistik SMK Roudlotul Ulum aya 21 urang, diwengku murid kelas X jeung XI, kalawan jadwalna unggal Kemis.

Ceuk Eman, loba matéri dina éta ekskul nu tujuanana geusan nyeukeutan bakat jeung kamampuh siswa dina bagbagan literasi-jurnalistik.

Ekspresi kreativitas literasi bisa disalurkeun dina mading PENA RU jeung buletin sakola, atawa dina wanda platform digital.

“Para peserta ekskul literasi-jurnalistik dipiharep bisa nyieun konten-konten informasi nu matak narik ati, kreatif turta mangpaat pikeun dipidangkeun dina mading jeung buletin sakola, sarta update berita sabudeureun kagiatan sakola,” ceuk Eman Suherman.

Ieu ekskul literasi-jurnalistik SMK Roudlotul Ulum téh copélna notog kana publikasi kagiatan sakola dina wanda mading PENA RU jeung kajurnalistikan di media buletin sakola.

Kitu deui, parapeserta ekskul literasi-jurnalistik gé engkéna téh dipiharep bisa jadi andelan minangka generasi nu ngokojoan program literasi sakola, kaasup dina platform informasi digital.

Ku kituna, ekskul literasi-jurnalistik SMK Roudlotul Ulum gé bisa jadi parameter kalumangsungan program literasi sakola.

“Ku ayana media publikasi, boh mading boh buletin, dipiharep bisa mekarkeun kaparigelan literasi peserta dina wanda tulisan fiksi atawa nonfiksi. Udaganana, ekskul literasi-jurnalistik di SMK Roudlotul Ulum mampuh jadi wadah pikeun mekarkeun minat sarta kaparigelan siswa tumali jeung literasi katut kajurnalistikan,” ceuk Eman Suherman. ***

Baca Juga: Gusjur Mahesa, Penyair Jeprut ti Nganjuk ka Bandung, Merangan Korupsi Liwat Puisi

Baca Juga: Putri Anjungsari (10)

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x