Aplikasi PMM keur Ngarojong Kurikulum Merdeka Disosialisasikan Disdik Majalengka

1 Maret 2024, 16:00 WIB
Disdik Kabupaten Majalengka nyosialisasikeun ngeunaan kumaha ngamangpaatkeun Penerapan Platform Merdeka Mengajar (PMM), Salasa (27/02/2024). /Ayank/galura.co.id


GALURA.CO.ID -Dinas Pendidikan (Disdik) Kabupaten Majalengka nyosialisasikeun ngeunaan kumaha ngamangpaatkeun Penerapan Platform Merdeka Mengajar (PMM) anu tujuanna keur interaksi jeung siswa dina tarekah ngaronjatkeun kualitas belajar mengajar. Ieu kagiatan  tempatna di Hotel Fitra Majalengka, Salasa (27/02/24).

Acara  dibuka ku Kepala Dinas Pendidikan Kabupaten Majalengka, Dr. Hj. Lilis Yuliasih, M. Pd., diluuhan ku sajumlah pajabat Disdik lianna.

Pamilon anu hadir jumlahna 79 pamilon anu hadir, diantarana kepala sekolah boh wakil kepala sekolah bagian kurikulum tingkat SMP.

Baca Juga: Optimalkeun Sarana di Sakola, Pj Bupati Kuningan Apresiasi Disdik Jabar

Kadisdik nyebutkeun sangkan sakumna guru atawa tanaga pengajar dipiharep bisa ngamngpaatkeun aplikasi medsos di antarana facebook, instagram jeung nu lianna.

Hal eta anu aya dina program aplikasi PMM anu sacara husus digunakeun ku guru anu geus dijieun ku Kemendikbudristek keur kurikulum Merdeka Belajar.

"Dina aplikasi PMM  sakumna guru pengajar tiasa interaksi sacara langsung boh ngalangkungan interaksi satu arah boh dua arah," ceuk Bunda Kadisdik.

"Dina hartos nalika mendakan teknologi enggal dina proses mengajar tiasa dibagikeun atanapi disharekeun ka rerencangan sanesna anu sifatna nasional ngalangkungan medsos," ceuk Lilis Yuliasih.

Baca Juga: SMA Pasundan 7 Kota Bandung jeung SMA Pasundan 3 Kota Cimahi, Sakola Unggulan jeung Nyiptakeun Atlit Petingan

Sosialisasi program PMM mibabanda tujuan sangkan ieu program bisa dimangpaatkeun sacara maksimal keur udagan kualitas ngajar kalayan hade tur optimal.

Disdik Kabupaten Majalengka nepikeun amanat ti Kementerian Pendidikan, Kebudayaan, Riset dan teknologi (Kemendikbudristek) ngeunaan aplikasi PMM jeung ngaronjatkeun kinerja ngeunaan teknologi anyar dina proses ngajar dina kurikulum merdeka anu bakal leuwih simple jeung efektif.

Disebutkeun Lilis, wakil kepala sekolah bagian kurikulum dipiharep bisa ngawanohkeun kurikulum anu anyar nyaeta kurikulum merdeka anu bakal di launching di 2024 ayeuna

Dina nerapkeun Kurikulum Merdeka henteu sakaligus. "Disdik Kabupaten Majalengka, bakal fokus dina ngaronjatkeun indek literasi sareng numerasi," ceuk Lilis Yuliasih.

Baca Juga: HM Hasbullah Rahmad Ngawangun Sakola Anyar jeung Rutilahu di Kota Depok

Lilis oge netelakeun Kurikulum Merdeka lengkah torobosan keur ngabantu guru jeung kepala sekolah dina ngarobah proses belajar jadi jauh lebih relevan, sarta leuwih pikaresepeun.

"Hal eta dipiharep siswa bakal langkung gampil ngartos dina pembelajaran anu dilaksanakeun pihak sakola," ceuk Kadisdik Lilis.

Kurikulum Merdeka kurikulum anu dianggap leuwih  flexsibel, fokus kana materi esensial jeung kamotekaran karakter tur kompetensi ti pamilon didik," ceuk Lilis.

Keur ngabantu program  Disdik Kabupaten Majalengka nunjuk ko-kapten jadi pemateri. Ko-Kapten  ditunjuk tur diseleksi sacara nasional nu dilakukeun ku Balai Besar Guru Penggerak (BBGP).*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler