Ali, S.Pd, M.Pd Digitalisasi jeung Hatam al-Qur’an, Atikan Kudu Bisa Ngigelan Parobahan Jaman

30 Januari 2024, 18:00 WIB
Ali, S.Pd., MM. /Cecep KS/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Tarekah ngamajukeun sakola dina mangsa globalisasi modél ayeuna, loba cara. Di antarana waé ngaliwatan média digital. Tangtu, dina cara ngawanohkeun ogé henteu asal-asalan, tapi dumasar kana rentulna jeung kaunggulan SDM nu ngokolakeunna, di sagédéngeun ngalarapkeun visi misi sakolana.

Di antara lembaga pendidikan nu geus matéakeun kaunggulan, nyaéta SMA Pasundan 4 nu perenahna di Pal 3, Jalan Cijerah, Gg Pelita, Kota Bandung. Minangka Pupuhu (Kepala Sakola), Ali, S.Pd., M.Pd, ngokolakeun ieu lembaga pendidikan téh sadar kacida, yén dina ngokolakeun lembagana kudu ngindung ka waktu mibapa ka jaman, dina harti manusa kudu bisa ngigelan parobahan jaman, lain sabalikna manusa jadi korban parobahan jaman.

Upama ayeuna jaman geus robah ku mahabuna digital, hartina, ngawanohkeun saniskara pangajaran nu luyu jeung aturan kurikulum merdéka, kudu neueul kana pameredih média digital.

Baca Juga: SMA Pasundan 7 Kota Bandung jeung SMA Pasundan 3 Kota Cimahi, Sakola Unggulan jeung Nyiptakeun Atlit Petingan

Tarékah Ali, sanajan masih kawatesanan ku sarana jeung prasarana, teu burung ngabuah. Di Tatar Kota Bandung, préstasi akademik jeung non akademik siswa SMA Pasundan 4 Kota Bandung henteu tinggaleun, ninun sawatara préstasi nu nyeungitan sakola. Dilélér préstasi unggulan, munasabah mun PT Sanbe Farma ngajén kana préstasi di ieu sakola, mayeng méré beasiswa afirmasi keur 20 siswa didikna, siswa ti kelas X, XI, jeung kelas XII.

“Beasiswa ti Sanbe Farma kawilang ngabantu pisan, temahna barudak anteng diajar bari nganyam préstasi akademik jeung ékstrakurikuler nu nyugemakeun,” ceuk Ali.

Siswa séjénna nu jumlahna 121 urang, meunang ogé bantuan PIP jeung bantuan RMP.

Ngimeutan nu sakola di SMA Pasundan 4, holna téh ti wewengkon Cijerah, Cibeureum, Garuda, Babakan Ciparay, jeung sawaréhna ti daérah séjén. Pikeun Ali, tarékah séjén nu keur dihangkeutkeun, nataharkeun program Hatam Qur’an.

“Barudak kudu mampuh tamat Qur’an, jadi Hafidz,” pokna. Malahmandar, cenah, ku bisa jeung lancar maca Qur,’an, sakumna siswa didikna gugon tukon ngalaksanakeun kawajiban paréntah agama. Atuh, ceuk Ali, barudak didikna bisa nyengker tina dampak négatif kamajuan jaman. Éra globalisasi téa.

Baca Juga: MA Darul Ma'arif Kabupaten Bandung Adu Manis  Atikan  Sain Teknologi  jeung  Kaislaman  

Éra industri 5.0, éra digitalisasi, ngamangpaatkeun kacanggihan téknologi informasi. Fasilitas digital dimangpaatkeun jadi sumber lahan diajar, sarana diajar, ngaakses informasi keur para guru dina upaya ngaronjatkeun pembelajaran.

Nilik ka dinya, Ali nu lulusan S1 Prodi Matematika Fakultas Keguruan dan Ilmu Pendidikan – Universitas Pasundan (FKIP Unpas) jeung S2 Magister Unpas téh, boga udagan, ngawujudkeun siswa nu binekas, mandiri jeung inovatif.

“Nu kadua, mairan tantangan kamajuan téknologi informasi, cohagna siswa sim kuring kudu parigel, ulah gapték, ulah tinggaleun,” pokna.

Ali, teureuh Garut, gumelar di Cibatu, 10 Désémber 1974, kulawarga Bapa H. Kodir suargi jeung biangna, Hj. Juariah. Mangsa dumuk di lemburna, Kampung Singkup, Ali nu lulusan SDN Singkup, SMP Negeri Kurnia, jeung SMA Negeri Malangbong téh, diatik hirup peurih ku nu jadi kolotna.

Réngsé sakola, Ali purah ngangon domba jeung munding nu kolotna jeung nu tatanggana. “Nuju halodo atawa usum hujan, saban dinten kedah ngarit, milari jujukutan keur parab ingon-ingon,” pokna.

Baca Juga: Munaqosah Tahfidz 2024 di SMAN 2 Lembang,

Pasosoré, neuleuman pangajaran agama (Islam) di madrasah jeung masjid. Ali gé kaasup budak gaul, saperti biasa sok maén bal, resep ulin aber-aberan jeung papada baturna. Ngan, almarhum bapana teu weléh nalingakeun, pangpangna kana ahlak jeung atikan.

“Pun bapa mah disiplin, ngadidik para putrana keras pisan. Hirup kudu junun, kitu amanatna. Nya alhamdulillah, didikanna karaos dugi ka ayeuna mangpaatna,” cenah.

Ngadahup ka guru SDN Kota Baru, Euis Lengkanawati, S.Pd.I, kasinugrahan tilu budak, dina matéakeun sakola nu dipupuhuanna teu weléh ngaubkeun 33 urang guru jeung karyawan.

“Nganyam sakola sangkan nyongcolang, kudu adumanis jeung para guru katut para karyawan. Jadi, pingpinan ulah mawa karep sorangan, kawijakan kudu ngalibetkeun pamikiran para guru jeung karyawan,” ceuk Ali deui.

Sora-sora kahariwang ti masarakat kana kaayaan atikan mangsa kiwari, lir nu patémbalan. “Kahariwang éta urang jawab ku mupukna préstasi barudak, reueusna ahlak barudak nu matak kayungyun,” cenah.***  Cecep Ks

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler