Adipati Panaekan nu Deukeut jeung Dipati Ukur Ngarojong Mataram Nyerang Kumpeni di Batavia

- 20 Maret 2023, 16:07 WIB
Makam Adipati Panaekan di Karangkamulyan Ciamis. Adipati Panaekan deukeut jeung Dipati Ukur, ngarojong pisan waktu Mataram ngarancang ngagempur Kumpeni di Batavia.
Makam Adipati Panaekan di Karangkamulyan Ciamis. Adipati Panaekan deukeut jeung Dipati Ukur, ngarojong pisan waktu Mataram ngarancang ngagempur Kumpeni di Batavia. /Nanang S/Galura

GALURA -Adipati Panaekan ti ngongora ti samemeh ku Mataram dijenengkeun jadi adipati geus deukeut jeung Dipati Ukur, nu taun 1625 diangkat jadi bupati di Tatar Ukur (Bandung). Basa meunang beja Mataram rek ngarurug VOC (Kumpeni) di Batavia, Adipati Panaekan ngarojong pisan.

Satujueunana Adipati Panaekan kana rencana Mataram  ngagempur Kumpeni nu geus boga benteng di Batavia ditembrakeun ka Dipati Ukur waktu Dipati Ukur mulang ti Mataram, nyimpang ka Gara Tengah.

Adipati Panaekan malah ngasongkeun kamandangna, alusna Mataram ngagempur Kumpeni kudu sagancangna, samemeh Kumpeni di Batavia leuwih kuat. Pamadegan Dipati Ukur oge sarua jeung Adipati Panaekan.

Baca Juga: Pajajaran Runtag di Tatar Galuh Ngadeg Karajaan Galuh Salawe, Ngarundaykeun Bupati Galuh Ciamis

Saha ari Adipati Panaekan? Ngaran aslina mah Ujang Ngoko. Seuweu Prabu Cipta Permana, raja Galuh Gara Tengah, puseur pamarentahanana di Panaekan Gara Tengah, Cineam, Tasikmalaya.

Prabu Cipta Permana ngadahup ka Tanduran Tanjung, putri raja Kawali. Ngaran seuweuna: Ujang Ngoko. Waktu ngaganti bapana taun 1618, Gara Tengah geus lain karajaan, tapi kabupaten lantaran geus jadi daerah kakawasaan Mataram.

Nu matak Ujang Ngoko mibanda gelar Adipati Panaekan sarta jadi bupati tepi ka taun 1625.

Balik deui kana soal rencana Mataram ngagempur Kumpeni, kamandang Adipati Panaekan teu disatujuan ku Adipati Wiraperbangsa nu jujulukna Singaperbangsa I, panguasa Kertabumi.

Baca Juga: Kabupaten Ciamis Mulang deui ka Kabupaten Galuh, Sejarah Galuh Bagian Awal Leubeut ku Mitos

Karajaan Kertabumi, puseurna di Bunder, Cijeungjing, rajana Rangga Permana. Nu ngagantina Wiraperbangsa, seuweu Rangga Permana. Basa ngaganti bapana gelarna lain prabu tapi adipati lantaran Kertabumi oge geus dijajah ku Mataram.

Pamanggih Adipati Wiraperbangsa sarua jeung Rangga Gempol I ti Sumedang: Priangan kudu ngahiji heula ngarah kuat memeh narajang Kumpeni.

Pangna Singaperbangsa I mihak ka Rangga Gempol teh bisa jadi alatan inyana sakocoran jeung Ranggga Gempol. Akina Singaperbangsa I teh Rangga Permana atawa Prabu di Muntur, seuweuna Geusan Ulun.

Adipati Panaekan jeung Singaperbanga oge saenyana mah masih keneh katalian ku dulur, malah mah deukeut pisan.

Baca Juga: Kabupaten Ciamis Jadi Kabupaten Galuh, Ngarobah Kabijakan Adipati Sastrawinata

Lanceuk Singaperbangsa I: Ni Raden Natabumi ngadahup ka Adipati Panaekan. Atuh ti garis Maharaja Sanghyang Cipta, Adipati Panaekan teh mamang (paman) Singaperbangsa I.

Salian ti kawin ka Ni Raden Natabumi, Adipati Panaekan kawin deui ka Tanduran Kuning, siwi Maharaja Upama, jeung ka Ni Bara Hideung, siwi Adipati Gayam Canggong.

Adipati Gayam Canggong teh seuweu Sareupeun Agung. Tina kituna, bojo Adipati Panaekan tiluanana rundayan ti seuweu Prabu Haur Kuning. Adipati Panaekan saimahna jeung Tanduran Kuning di Panaekan.

Bara Hideung dumuk di Galuh Salawe Cimaragas, ari Ni Raden Natabumi cicing di Kertabumi, tiluanana henteu saimah.

Baca Juga: Demi Rayat, Bupati Galuh Dalem Gurinda Ngalawan Kolonial Belanda, Narah Mayar Upeti ka Residen Cirebon

Singaperbangsa Ngarogahala Adipati Panaekan

Mimitina mah hubungan Singaperbangsa I jeung Adipati Panaekan lungsur-langsar, taya pacongkredan nanaon.

Ngan sanggeus beda pamadegan ngeunaan iraha waktuna nu merenah pikeun ngarurug Kumpeni, Singaperbangsa I jeung Adipati Panaekan jadi panas.

Tambah deui, Adipati Panaekan kurang merhatikeun Ni Raden Natabumi.
Ni Raden Natabumi ngarasa Adipati Panaekan teu adil. Di antarana kilirna lila, arang ngalongok ka Kertabumi.

Adipati Panaekan leuwih merhatikeun Tanduran Kuning jeung Ni Bara Hideung. Ni Raden Kertabumi bebeja jeung ngadu ka adina, ka Singaperbangsa I. Puguh wae Singperbangsa I teh beuki keuheuleun ka Adipati Panaekan.

Baca Juga: Karajaan Rajagaluh Diadegkeun ku Dewa Niskala, Raja Manten di Karajaan Galuh

Singaperbangsa I ngarasa kudu ngabela lanceukna, kudu milu memeres rumah tangga lanceukna. Gancang ngiangkeun utusanana ka Gara Tengah bari bawa surat, eusi suratna mopoyankeun sangkan Adipati Panaekan datang ka Kertabumi.

Disuratan kitu, Adipati Panaekan ngaenyakeun, sarta dina surat walonana ngabejaan iraha-irahana.

Dina mangsana, Singaperbangsa I atawa Adipati Kertabumi miang dibarengan ku pangawalna, rek mapagkeun Adipati Panaekan.

Di Ciharalang, teu jauh ti Citanduy amprok jeung Adipati Panaekan nu harita ukur dikawal ku dua urang. Kabehanana make kuda sarta waktu amprok kabehanana tarurun.

Baca Juga: Kangjeng Prebu, Bupati Manten Galuh nu Mampuh Mengkolkeun Jalan Kareta Api

Ngahargaan ka adi bojona, Adipati Panaekan nyampeurkeun ka Singaperbangsa I, laju ngasongkeun leungeun ngajak sasalaman. Ngan Singaperbangsa I kalah ka nyabut keris sarta sakilat ditubleskeun kana hulu angen Adipati Panaekan.

Saharita, Adipati Panaekan ngagubrag, palastra dina leungeun Singaperbangsa I.

Singaperbangsa I nyered layon Adipati Panaekan ka sisi Citanduy. Laju layon Adipati Panaekan dialungkeun ka Citanduy. Geus kitu mah balik ka Kertabumi bebeja ka Ni Raden Natabumi.

Puguh wae Ni Raden Natabumi reuwaseun asa ngadenge gelap di tengah ereng-erengan barang ngadenge adina nelasan salaki Adipati Panaekan.

Baca Juga: Karajaan Galuh jeung Karajaan Sunda Ngadeg Sabada Karajaan Tarumanagara Runtag

Pangiring Adipati Panaekan ngayekyek, teu bisa ngalawan lantaran moal kauntup nyanghareupan prajurit nu ngawal Singaperbangsa. Gagancangan balik ka Panaekan, kudana teu sirikna ditotog-totogkeun.

Sanggeus tepi bebeja ka Patih Panaekan. Bareng jeung prajurit Panaekan, Patih Panaekan gancang ka Ciharalang.

Patih jeung para prajurit Panaekan mapay-mapay Citanduy ka hilir neangan layon Adipati Panaekan.

Sanggeus sababaraha poe kapanggihm nyangsang dina akar tatangkalan di Patimuan, tempat ngamuarana Cimuntur ka Citanduy di Bojong Galuh Karangkamulyan.

Layon Adipati Panaekan geus ruksak. Moal mungkin bisa dibawa ka Panaekan, mun dipaksa dibawa oge matak ngawaluratkeun. Layon Adipati Panaekan dikurebkeun teu jauh ti Patimuan Bojong Galuh.***

 

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x