Layon Obong Pantun Sunda ti Aki Danu Parakansalak, Medar Tilarna Subanglarang

- 17 Maret 2023, 13:00 WIB
Karaton Kasepuhan Cirebon. Karajaan Cirebon diadegkeun ku Walangsungsang, seuweu Subanglarang. Ari Subanglarang bojona Jaya Dewata. Dina Layon Obong pantun Sunda dipedar tilarna Subanglarang di Pakuan Pajajaran.
Karaton Kasepuhan Cirebon. Karajaan Cirebon diadegkeun ku Walangsungsang, seuweu Subanglarang. Ari Subanglarang bojona Jaya Dewata. Dina Layon Obong pantun Sunda dipedar tilarna Subanglarang di Pakuan Pajajaran. /Nanang S/Galura

Cenah mah, waktu dibawa ka karaton, balaréa pahayang-hayang ngagotong layon Subanglarang.

Ti Balé Agung tepi ka karaton Pakuan Pajajaran nu mangku layon Subanglarang silihsambung lantaran teu sirikna diparebutkeun. Lian ti kitu sapanjang jalan teu weléh ngahiliwir seungit, ngadalingding.

Luyu jeung adat jaman harita, layon Subanglarang najan ngagem agama Islam, tadina rék diduruk (diobong), lebuna terus dikurebkeun bari méméhna diwadahan heula. Ngan henteu tulus

Béja tilarna Subanglarang tepi ka Ki Gedeng Tapa di nagri Singapura. Nimbang Subanglarang téh ngagem Islam, gancang Ki Geneng Tapa ngirim utusan sangkan mawa layon siwina.

Baca Juga: Baduy Urang Kanekes Naha Enya Asalna ti Pajajaran?

Utusan Ki Gedeng Tapa diluluguan ku Ki Danuséla, adina Ki Danuwarsih. Anu ngabaturanana, Danu Wangsa diiring ku Kertawangsa, Kertiwangsih jeung Nitiwangsa.

Ku Jaya Dewata diidinan, kitu deui ku Prabu Anom Susuk Tunggal. Layon Subanglarang dibawa ka Singapura. Dina pantun Sunda ti Parakansalak, Subanglarang disebutkeun dikurebkeun di Teluk Agung.

Teluk Agung pernahna di Amparan Ki Alif nu ayeuna ngaranna robah jadi Babakan Ki Alif, bawahan Désa Nanggerang, Kecamatan Binong, Kabupatén Subang.

Tina sababaraha sumber di Bogor, Kawali jeung di Cirebon, boh tina sejarah lisan, babad, boh tina Naskah Wangsakerta, bapana Ki Gedeng Tapa teh seuweuna Prabu Wastukancana ti Mayangsari.

Baca Juga: Baduy Urang Kanekes Naha Enya Asalna ti Pajajaran?

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x