Mayangsari taya lain ti siwina Bunisora, pamanna Prabu Wastukancana. Seuweu Prabu Wastukanacana nu sejenna: Ki Gedéng Kasih; ari nu cikal: Déwa Niskala.
Ki Gedeng Kasih jeung Ki Gedeng Tapa diparéntah sina ngababakan di wewengkon basisir kalér, sarta saterusna jadi pamingpin di éta wewengkon.
Déwa Niskala mah teu sina lunta di Karaton Surawisésa di Kawali. Ku sabab anak cikal tur lalaki, Déwa Niskala digadangkeun bakal ngaganti Prabu Wastukancana.
Ki Gedéng Kasih nu jadi pamingpin di Sindangkasih boga seuweu Nyi Ambet Kasih nu dipibojo ku Jayadéwata. Ari Ki Gedeng Tapa boga seuweu Subanglarang nu sarua dipibojo ku Jayadéwata.
Baca Juga: Pamujaan, Tempat Ngaraketkeun Diri ka Nu Maha Kawasa, Agama Sunda Jaman Pajajaran
Nyi Ambet Kasih mah teu kacatur milu ka Jayadéwata ka Pakuan Pajajaran waktu kawin deui ka Nyi Kentring Manik Mayang Sunda.
Subanglarang dumukna di Pakuan Pajajaran, alatan dibawa ku Jaya Dewata. Di Pakuan Pajajaran, ku sabab Susuk Tunggal teu boga anak cikal lalaki, Jaya Dewata jadi putra mahkota, nu bakal ngaganti mitohana.
Subanglarang diperenahkeun di Balé Agung, di luareun karaton Pakuan Pajajaran, jadi henteu sasuhunan jeung Nyi Kentring Manik Mayang Sunda.
Tilarna Subanglarang samemeh, Jaya Dewata jeneng raja di Galuh jeung di Sunda. Jaya Dewata nu ti eta dua karajaan jadi putra mahkota, ngahijikeun Sunda jeung Galuh sarta mindahkeun puseur karajaanana ti Kawali ka Pakuan Pajajaran.***