Pager Bitis, TNI jeung Rayat Babarengan Numpes Gorombolan Pingpinan Kartosuwiryo

- 11 Maret 2023, 11:00 WIB
Di antarana make operasi Pager Bitis, Kartosuwiryo  dicangkalak di Gunung Rakutak Majalaya Kabupaten Bandung, 4 Juni 1962, ku pasukan batalyon 328  “Kujang II/Siliwangi”, pingpinan Lětda Suhanda.
Di antarana make operasi Pager Bitis, Kartosuwiryo dicangkalak di Gunung Rakutak Majalaya Kabupaten Bandung, 4 Juni 1962, ku pasukan batalyon 328 “Kujang II/Siliwangi”, pingpinan Lětda Suhanda. /Dok/

GALURA -Ti taun 1949, Tatar Sunda bangreung ku baruntakna Kartosuwiryo. Gerakan numpes karaman nu dipingpin ku Kartosuwiryo, di antarana make operasi “Pager Bitis” ti bulan Maret 1962. Rayat babarengan jeung TNI, ngeprak jeung ngepung wewengkon nu dianggap panonoban atawa tempat nyarumputna gorombolan.

Saung-saung nu diadegkeun ku TNI jeung rayat teh keur patempatan nu “Pager Bitis”, diadegkeun di tutugan pasir deukeut lembur. Saung-saungna teh nguriling ningker pasir atawa gunung nepi ka tepung gelang maksudna keur ningker karaman pingpinan Kartosuwiryo.

Isukna maju ka lamping. Saung dipindahkeun. Kitu wě terus Pager Bitis teh. Atuh puguh wae ti poe ka poe, saung teh terus beuki luhur, nyedekkeun gorombolan pingpinan Kartosuwiryo nu teu bisa turun alatan ditingker ku rayat jeung ku TNI.

Baca Juga: Soekarno jeung Kartosuwiryo, nu Jadi Korban Kang Karna jeung Mang Karto

Nu tugas Pager Bitis teh rayat ti unggal lembur. Bagilir. Dibekelan běas katut deungeunna, keur saminggueun. Kitu deui pagawě nagri kudu miluan Pager Bitis, lamun jagjag keneh mah.

Anu tugasna Pager Bitis ditambah ku anggota Organisasi Pertahanan Rakyat (OPR) nu nyarekel bedil. Ngawal, mantuan TNI. Biasana dua tentara dibaturan ku lima anggota OPR.

Sabot tugas, rěa nu nyalsě. Ngarala kai keur bahan halu, tamiang keur bahan suling jeung sajabana. Tangtu waě ngaliwet keur mumuluk isuk-isuk atawa dahar beurang.

Seungit sangu liwet jeung beuleum asinan nyambuang ka mana-mana, kabawa angin, bisa jadi kaambeueun ku gorombolan.

Baca Juga: Putri Anjungsari (52). Prajurit Cirebon Luluhurna ti Galuh, Reuwaseun basa Aki Jaya Nyebut Walangsungsang

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x