Pager Bitis, TNI jeung Rayat Babarengan Numpes Gorombolan Pingpinan Kartosuwiryo

- 11 Maret 2023, 11:00 WIB
Di antarana make operasi Pager Bitis, Kartosuwiryo  dicangkalak di Gunung Rakutak Majalaya Kabupaten Bandung, 4 Juni 1962, ku pasukan batalyon 328  “Kujang II/Siliwangi”, pingpinan Lětda Suhanda.
Di antarana make operasi Pager Bitis, Kartosuwiryo dicangkalak di Gunung Rakutak Majalaya Kabupaten Bandung, 4 Juni 1962, ku pasukan batalyon 328 “Kujang II/Siliwangi”, pingpinan Lětda Suhanda. /Dok/

Hiji mangsa di hiji pos “Pager Bitis”, nu rada luhur, nu keur jaga pakpikpek ngaraliwet. Meuleum peda atawa tarasi keur nyambel. Seungit beubeuleuman kaangin-angin. Katebak ku angin ti lebak, ka běh puncak.

Tina rungkun, teu pati jauh ti saung, ujug-ujug aya nu ngurumuy. Leungeun ranggah.

“Saya mau nyerah,”cěuk ěta jalma. Awakna kuru, baju rubat-rabět. Leumpang rarampěolan.

Ku anggota OPR nu sayaga němbakkeun bedil, disentak: “Siapa kamu?”

“Saya anggota…. Mau nyerah. Kelaparan,”těmbalna haroshos.

Geus dipariksa bari tetep ditodong ku bedil, terus baě ditarima. Sina asup ka saung posko.

“Saya lapar. Sudah seminggu tidak makan nasi,” sorana pegat-pegat.

Baca Juga: Kabupaten Ciamis Mulang deui ka Kabupaten Galuh, Sejarah Galuh Bagian Awal Leubeut ku Mitos

Song diběrě liwet haneut jeung beuleum peda, katut sambel dadakan. Tambah lalab atah meunang metikan ti sabudeureun saung. Kayaning pucuk jambu mědě, putat jeung reundeu. Atuh liwet sakastrol, ngan sakětap.

Bari dahar ditaranya, naon sababna hayang nyerah. Jawabna, lantaran kalaparan.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah