Soekarno jeung Kartosuwiryo Pasea, nu Jadi Korban Kang Karna jeung Mang Karta

- 11 Maret 2023, 09:43 WIB
Kartosuwiryo nu baruntak di Tatar Sunda. Pabentar paham jeung Presiden Soekarno anu jadi korbanna urang Sunda.
Kartosuwiryo nu baruntak di Tatar Sunda. Pabentar paham jeung Presiden Soekarno anu jadi korbanna urang Sunda. /Net/



GALURA -Bangreungna kaamanan di Tatar Sunda, lumangsung ti taun 1949 nepi ka1962. Tilu welas taun tetebengan. Tarung kakuatan senjata antara TNI (Tentara Nasional Indoněsia) pingpinan Presiden Soekarno, lawan tentara pingpinan Kartosuwiryo.

Anu jadi korbanna: rahayat Tatar Sunda. Nu matak harita aya kacapangan ketir “nu pasěa Bung Karno jeung Mas Karto, nu jadi korban Kang Karna jeung Mang Karta”. Presiden Soekarno jeung Kartosuwiryo teh urang Jawa. Kartosuwiryo ngiruhna di Tatar Sunda anu karirihuanana nya urang Sunda.

Dina taun 1957-1959, balad-balad Kartosuwiro ku urang Tatar Sunda katelah disarebut “gorombolan”, mindeng unggul. TNI mindeng kaděsěh, kawantu harita Presiden Soekarno keur nyanghareupan gerakan sparatis sejenna di daerah lain.

Baca Juga: Citarum Tempatna Nguniangna Peradaban Sunda jeung Ngadegna Karajaan Tarumanagara

Hiji koran Jakarta ngamuat warta nu judulna GerombolanMakin Ganas, Tentara Makin Lalai”. Ku koran Sunda Sipatahunan, ěta berita ditarjamahkeun sajalantrahna sacara harfiah, jadi ”Gorombolan Beuki Ganas, Tentara Beuki Lalay”.

Tangtu baě lamun ditarjamahkeun deui kana basa Indonesia, bakal jadi “gerombolan suka makan nanas, tentara suka makan kelelawar”. Aya selentingan beja, Sipatuhanan narjamahkan sajalantrahna teh maksudna keur ngageuhgeuykeun kaayaan Tatar Sunda nu tacan aman wae.

Gorombolan kuat sotěh, meureun waě dirojong ku sabagian rahayat nu kapaksa “kongrěs”. Ka hareup “nyokong” (ngaběla tentara), ka tukang “běrěs” (nyumbang gorombolan, pangpangna ku cara měrě dahareun).

Tangtu waě dipigawě rerencepan da lamun kapanggih mah, boh ku TNI, boh ku TII, tangtu moal diasa-asa deui.

Baca Juga: Riksa Budaya Sunda 2023: Budaya Nyambuang, Sunda Koncara!

Karěrěanana nu sok “kongrěs” těh, pangeusi lembur nu deukeut ka pasir atawa ka gunung nu dipake panyumputan gorombolan. Rěrěongan nyayagian sangu jeung deungeunna lengkep.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x