Eyang Mahmud Ceuk Hiji Kaol Tadina Prajurit Mataram nu Seunggah Balik deui ka Mataram

- 13 Februari 2023, 09:59 WIB
Makam Eyang Mahmud di Kampung Adat Mahmud, Desa Mekarrahayu, Kecamatan Margaasih, Kabupaten Bandung. Eyang Mahmud cenah tadina prajurit Mataram.
Makam Eyang Mahmud di Kampung Adat Mahmud, Desa Mekarrahayu, Kecamatan Margaasih, Kabupaten Bandung. Eyang Mahmud cenah tadina prajurit Mataram. /

GALURA -Ka Makam Eyang Mahmud di Kampung Mahmud, Desa Mekarrahayu, Kecamatan Margaasih, Kabupaten Bandung, saban poe tara towong ku nu ngadon ziarah.

Anu ziarah ka Makam Eyang Mahmud di Kampung Mahmud ti saban daerah. Lain wae warga sabudeureun Mahmud tapi teu kurang anu datang ti luar Kabupaten Bandung.

Di antara nu ziarah ka Makam Eyang Mahmud di Kampung Mahmud aya anu ti luar pulo Jawa, ngahaja seja ujlah ngadon mukim aya anu lilana saminggu, aya anu tepi ka opat puluh poe.

Baca Juga: Putri Anjungsari (26), Nulungan Hasan nu Dipergasa ku Prajurit Cirebon, Ngadu Kasakten bari Demit

Tokoh anu dipendem di Makam Eyang Mahmud di Kampung Mahmud teh Syekh Abdul Manaf anu satuluyna meunang pangjuluk Eyang Mahmud.

Ceuk kuncen, nepi ka kiwari tacan aya kasang tukang riwayat anu eces saha jeung urang mana sabenerna Eyang Mahmud teh.

Aya nu nyebatkeun cenah Syekh Abdul Manaf teh rundayan waliyulloh Syarif Hidayatulloh Cirebon, aya oge anu nyebatkeun anjeuna teh teureuh Mataram, putra Pangeran Nagadirdja.

Dumasar kana naskah Sajarah Bandung, dina taun 1628 Sultan Agung Mataram ngirimkeun pasukan anu di pingpin ku Tumenggung Bahureksa pikeun ngarurug kompeni di Batavia (Jakarta).

Baca Juga: Mat Peci, Antara Garut jeung Bandung, Ngageunjleungkeun Nagara

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x