Gunung Guntur Garut Kungsi Jadi Gunung Pangaktifna Sanusantara

23 Agustus 2023, 10:30 WIB
Gunung Guntur di Kabupaten Garut, taun 1800-an digolongkeun gunung nu pangaktifna di Nusantara lantaran mindeng bitu. /galura.co.id/Nanang S

GALURA.CO.ID -Gunung Guntur di Kabupaten Garut, taun 1800-an digolongkeun  gunung nu pangaktifna di Nusantara lantaran mindeng bitu. Di antara gunung berapi di Nusantara harita Gunung Guntur pangmindengna bitu.

Franz Wilhelm Junghuhn, urang Belanda  nu jadi warga nagara Jerman dina bukuna 13 Goentoer, Java Tweede Afduling, De Vulkaan en Vulkanische Verschjnslen West-en Midden-Java (1850) nyatet antara taun 1800 tepi ka taun 1846 Gunung Guntur bitu 21 kali.

Gunung Guntur bituna teh aya nu sakeudeung aya oge nu lila, antara 5 poe tepi ka 12 poe. Perioda bituna selang sekar antara 1,2 taun jeung 3 tahun. Sakapeung bituna sanggeus reureuh 6 taun jeung 7 taun. 

Beh dieu Gunung Guntur bituna ngurangan. Malah cai panas nu kaluarna ngalantarankeun Cipanas Garut jadi tempat wisata nu teu weleh rame.

Baca Juga: Melati di Tapal Batas, Kanyaah Tentara ka Rumaja Putri nu Bajuang di Medan Perang

Erupsi Gunung Guntur taun 1847, 1843, 1841, 1840, 1836, 1834-35, 1833, 1832, 1832, 1829, 1828, 1827, 1825, 1818, 1816, 1815, 1809, 1807, 1803, 1800, 1780, 1777, jeung 1690. Sabaraha di antarana ngabulakarkeun korban jiwa, harta jeung lingkungan. Bituna Gunung Guntur bisa diilo di handap ieu dumasar catetan Junghuhn:

1825: Bituna tanggal 14 Juni, ngalantarankeun leuweung di sabudeureum beak kahuruan.

1829: Bituna kawilang badag jeung ujug-ujug. Sababaraha lembur burakrakan sarta  loba nu jadi            korban

1832: Dua kali bituna teh: tanggal 16 Januari jeung ti tanggal 8 tepi  13 Agustus, teu eureun-                eureun.

Baca Juga: Milangkala Kabupaten Majalengka Kuduna mah Bulan Februari, Fakta Sajarahna Kuat

1840: Bituna tepi ka ngabalukarkeun banjir lava, ngalir ti Kawah Gunung Guntur tepi ka  Cipanas,            kira-kira 300 meter kalereun wisata pamandian Cipanas.

1841: Bituna tanggal 14 Nopember, kaasup rongkah, lahan-lahan tatanen loba nu ancur. Moal                  kurang ti 400.000 tangkal kopi teu kapuluk.

1843: Dua kali bituna teh, tanggal 4 Januari jeung  tanggal 25 November. Ngabalukarkeun loba              lahan tatanen jeung sababaraha kampung ruksak.

1847: Bitu deui, tepi ka danget, salila kurang leuwih 150 taun lilana, Gunung Guntur encan bitu             deui. Ari statusna mah masih keneh aktif, kaasup gunung api nu aktif keneh.

Pusat Vulkanologi Mitigasi Bencana Geologi (PVMBG) Badan Geologi Bandung ngelingan Gunung Guntur kudu tetap diwaspadaan. Gunung Guntur nabung energina leuwih ti 1,5 abad. PVMG teu weleh nalingakeun Gunung Guntur. ***

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler