Kalungguhan Kawali jadi Puseur Karajaan Dikuatkeun ku Prasasti, Ngandung Ajen Mandiri keur Kabupaten Ciamis

13 Maret 2023, 13:00 WIB
Dinas Kebudayaan Pemuda dan Olahraga (Disbudpora) Kabupaten Ciamis ngawanohkeun lambang Cakra nu cenah rek dipake lambang Kabupaten Galuh. Lambang Cakra ayana di prasasti Kawali VI. Kawali salila 149 taun jadi puseur dayeuh karajaan. /Nanang S/Galura

GALURA -Salila 149 tahun meh saabad satengah Kawali jadi puseur Karajaan Galuh, jeung Karajaan Sunda Galuh. Hartina mungguh tempat, Kawali nu ayeuna kabawah Kabupaten Ciamis teh dipandang strategi, boh tina jihad pamarentahan, ekonomi, boh tina tina jihad militer.

Kawali nu pernahna di Ciamis kaler dina abad ka-14, ngageser kalungguhan Galuh (Ciamis, Barunay) jeung Saunggalah (Kuningan) nu samemehna dipake puseur karajaan.

Kawali posisina strategis lantaran pernahna di tengah-tengah segi tiga Gunung Galunggung, Saunggalah jeung Galuh. Eta sababna ti mimiti abad ka-14, Galuh jeung Sunda Galuh teu bisa dipisahkeun jeung Kawali nu ayeuna ngaran kacamatan di Ciamis beulah kaler.

Baca Juga: Kawali Jadi Puseur Karajaan Sunda Galuh, Ngahiji jeung Karajaan Sunda Puseur Karajaan Pindah ka Pakuan

Tilu urang raja Sunda: Rakeyan Gendang gelarna Brajawisesa (989-1012 Masehi); Prabu Langlangbumi nu mibanda gelar Sang Mokténg Kerta (1065 - 1155); Mahaprabu Darmakusuma atawa Sang Mokténg Winduraja (1157 - 1175), dimakamkeun atawa dipusarakeun di Winduraja.

Puseur pamarentah atawa puseur dayeuh karajaan condong ka wetan (ti Pakuan Pajajaran) geus tembong ti jaman Prabu Ragasuci (1297-1303). Prabu Ragasuci nu jeneng ngaganti bapana (Prabu Darmasiksa), henteu terus pindah. Tapi angger di Saunggalah, ongkoh deui tadina geus nyekel kalaungguhan di Saunggalah.

Ragasuci ceuk para sajarawan saenyana lain putera mahkota. Putra mahkota karajaan teh lanceukna nu ngaranna Rakeyan Jayadarma.

Pustaka Rajyatajya i Bhumi Nusantara parwa II sarga 3, nyebutkeun Jayadarma teh minantu Mahisa Campaka di Jawa Timur.

Inyana ngadahup ka Dyah Singamurti nu leuwih dipikawanoh ku sebutan Dyah Lembu Tal.

Baca Juga: Kawali, Puseur Karajaan Galuh Embaran ti Prasasti Kawali I jeung ti Carita Parahyangan

Pustaka Rajya Rajya i Bhumi Nusantara nulis Jayadarma jeung Dyah Lembu Tal boga seuweu nu ngaranna Sang Nararya Sanggramawijaya atawa leuwih dipiwanoh ku ngaran Raden Wijaya.

Sang Nararya lahir di Pakuan. Dyah Lembu Tal ku Rakean Jayadarma dibawa ka Pakuan, lantaran Rakean Jayadarma digadangkeun jadi raja.

Rakean Jayadarma tilar ngora keneh. Dyah Lembu Tal sanggeus ditinggalkeun maot ku Jayadarma teu daekkeun dumuk di Pakuan.

Dyah Lembu Tal jeung Raden Wijaya diantarkeun ka Jawa Timur. Dina Babad Tanah Jawi, Raden Wijaya disebut Jaka Susuruh ti Pajajaran nu saterusna ngadegkeun karajaan Majapahit.

Ku sabab Raden Wijaya nu dumasar tradisi karajaan harita boga hak jadi putra mahkota dumuk di Jawa Timur, di Pakuan taya putra mahkota.

Baca Juga: Karajaan Munggaran di Cirebon nu Ngadegkeunana Walangsungsang, Rundayan Galuh Kawali

Prabu Darmasiksa tuluy ngangkat Citraganda jadi putra mahkota. Citraganda teh seuweuna Prabu Ragasuci nu jadi panguasa di Saunggalah, prameswarina Dara Puspa, putri Kerajaan Melayu, adina Dara Kencana, prameswari raja Singosari, Kertanegara.

Citraganda cicing di Pakuan jeung akina. Sanggeus Prabu Darmasiksa tilar, pikeun saheulanan Citragangga jadi raja daerah di Pakuan lilana genep taun.

Harita, raja Sunda dicangking ku bapana, Ragasuci, di Saunggalah. Ragasuci tilar, Citragangga jadi raja Sunda (1303-1211) sarta puseur dayeuhna di Pakuan, henteu di Saunggalah.

Citragangga tilar sarta dipusarakeun di Tanjung. Anu ngagantina seuweu cikalna, Lingga Dewata. Teu jentre di mana puseur dayeuh karajaaanana bisa jadi di Kawali.

Baca Juga: Citarum Tempatna Nguniangna Peradaban Sunda jeung Ngadegna Karajaan Tarumanagara

Ngan anu jelas, waktu karajaan dicangking ku Prabu Ajiguna Wisesa (1333-1340), minantu Citragangga, puseur karajaanana di Kawali, lain di Pakuan atawa di Saunggalah.

Kitu sababma ti taun 1333 tepi ka taun 1482, puseur dayeuh karajaan Sunda di Kawali. Kalungguhan Kawali ditulis dina prasasti nu tempatna ayeuna dipiwanoh ku sebutan Situs Astana Gede.

Ngaran Kawali diabadikeun dina prasasti titinggal Prabu Niskala Wastukancana.
Dina Prasasti Kawali I ditulis "mangadeg di kuta Kawali" (nu nyekel pamarentahan di Kawali) sarta karatonna dingaranan Surawisesa.

Karaton Surawisesa teh "dalem sipawindu hurip" (karaton nu matak nengtremkeun hirup). Ngandung harti Kawali teh dijadikeun puseur karajaan, karajaan hasil univikasi Karajaan Sunda jeung Karajaan Galuh.***

 

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler