GALURA – Duka kabeneran duka memang totonden, hiji caringin (beringin) nu kungsi tuwuh kalawan gagah di hiji juru alun-alun Bandung rungkad dina taun 1942.
Bareng jeung eta, dina taun runtuhna tangkal caringin nu dibere ngaran “Juliana boom” kakawasaan Hindia Walanda runtag di Indonesia, lantaran eleh perang ngalawanan “Saudara Tua” Jepang.
Ku elehna Walanda, kakawasaan Walanda di Indonesia tamat. Nu ngawasa atawa ngajajah Indonesia saterusna nyaeta Jepang.
Baca Juga: Endog Lewo, Kuliner Has Garut, Emplod nu Boga Ngaran Husus Alatan Beda Rasana
Baca Juga: Burayot atawa Ngaburayot, Kuliner Amis Has Garut nu Wangunna Kawas 'Taeun', Kieu Cara Nyieunna
Naha eta kajadian teh totonden atawa kabeneran? Duka teh teuing.
Ngan nu jelas, nurutkeun sawatara sumber, di alun-alun Bandung baheula, kungsi tuwuh sapasang tangkal caringin nu kacida dipusti-pustina ku pamarentahan Walanda di Indonesia.
Dua tangkal caringin teh, nu hiji dingaranan Wilhelmina boom. Cenah, eta caringin ngahaja dipelak pikeun mieling dijurukeunana Ratu Walanda Wilhelmina.
Baca Juga: Program Petani Milenial, Pemdaprov Jabar: Perang Rusia Ukrania Matak Ngateugkeun
Ari nu hiji deui dibere ngaran Juliana boom, dipelakna bareng jeung dijurukeunana Putri Juliana 1 Mei 1909. Putri Juliana teh saterusna jadi Ratu Walanda ngaganti Ratu Wilhelmina.
Ku pamarentah Walanda di Bandung, eta dua tangkal caringin teh dirumat dihade-hade. Alatan sieun aya nu ngaruksak tea, eta tangkal nepi ka dipageran sagala ku Walanda.
Ngan tetela, sok sanajan dirumat jeung dipusti-pusti pisan, hiji tangkal caringin teh bet rungkad teu pupuguh. Nu rungkad teh caringin nu dibere ngaran Juliana boom tea. Kajadianna taun 1942.
Baca Juga: Cirebon Misahkeun Maneh ti Pajajaran, Walangsungsang Ngeclakeun Cipanon
Nu matak hemengna, rungkadna Juliana boom teh kawas nu mere totonden, yen kakawasan Walanda di lemah cai bakal lekasan.
Pangna kitu, lantaran sabada Juliana boom rungkad, Walanda di Indonesia serahbongkokan ka Jepang; teu mampuh mertahankeun kakawasan di Indonesia nu geus lumangsung kurang leuwih 350 taun.
Totonden atawa kabeneran? Walohualam bissawab.***