Kampung Kuta, Bolay Dijadikeun Puseur Karajaan Galuh, Alatan Raja Teu Bisa Asup ka Patang Ngewu Domas

29 Januari 2023, 09:30 WIB
Kampung Kuta Kecamatan Tambaksari, Kabupaten Ciamis, Jawa Barat tadina rek dijadikeun puseur Karajaan Gakluh (Poto:ciamis.idealogcom.id).* /

GALURA -Ti Kota Ciamis ka Kampung Kuta anggangna kurang leuwih 47 kilometer. Perenahna sisi Ci Jolang, walungan nu dipake tapel wates Provinsi Jawa Barat jeung Jawa Tengah.

Ngajugjug ka Kampung Kuta ti Kota Ciamis bisa ti Baregbeg jeung bisa ti Cisaga. Nu ti Cisaga mah teu ngaliwatan heula Rancah. Ari ti Baregbeg mah ngaliwat heula Rancah.

Ti Kota Banjar aya angkutan padesaan nu ka Tambaksari. Ngan ari ti Tambaksari ka Kampung Kuta mah tacan aya kandaraan umum.

Baca Juga: Haji Prawatasari Teureuh Panjalu nu Mimiti Bajuang di Cianjur Mibanda Pasukan nu Bisa Lus-Les Laleungi

Lebah Kantor Kacamatan Tambaksari aya dua jalan nyagak. Anu ka Kampung Kuta jalan nu ka katuhu. Jalan anu lempeng ka Dayeuhluhur, Kabupaten Cilacap, meuntasan Ci Jolang.

Wewengkon ti Kantor Tambaksari tepi ka Desa Bingkeng Cilacap cenah mah bakal kakeueum lantaran bakal dijieun waduk Patenggeng nu ngabendung Ci Jolang.

Ti Rancah ka Kampung Kuta kurang leuwih 16 kilometer, ari ti kantor Kacamatan Tambaksari mah moal leuwih ti 5 kilometer.

Jalanna geus diaspal hotmix. Diaspal hotmix jaman bupati Ciamis dicangking Drs. H. Iing Syam Arifin, M.M, Bupati Ciamis periode 2014–2019.

Baca Juga: Naha Enya nu Sumare di Gunung Babakan Kota Banjar, Adipati Singaperbangsa nu Jeneng di Karawang?

Di Kabupaten Ciamis mah Kampung Kuta teh hiji-hijina komunitas masarakat adat nu geus nyeungitkeun ngaran Ciamis.

Taun 2002 Kampung Kuta meunang hadiah Kalpataru. Anu masrahkeunana Presiden Megawati Soekarnoputri, di Istana Negara. Atuh Kampung Kuta teh padangadeugdeug.

Masarakat Kampung Kuta dipeunteun mampuh miara, ngamumule, jeung ngajaga leuweung nu aya di kampungna. Leuweungna teh dianggap karamat sarta disebut Leuweung Ageung, legana ngahontal 40 hektar.

Najan tuhu kana miara Leuweung Ageung tepi ka meunang Kalpataru, ari usum halodo mah urang Kuta teh tigerat ku cai lantaran Leuweung Ageungna handapeun kampung.

Baca Juga: Ngalongok Situs Karamat Singaperbangsa di Gunung Babakan Kota Banjar

Dumasar legenda (carita rayat), wewengkon anu ayeuna disebut Kampung Kuta tadina rek dijadikeun puseur Karajaan Galuh. Anu boga rarancangna teh Prabu Ajar Sukaresi.

Tapi sanggeus diroris henteu jadi dijadikeun Puseur Karajaan Galuh. Sakurilingeun Kampung Kuta teh gawir nu lungkawing (tebing). Prabu Ajar Sukaresi nyebutkeun engkena puseur dayeuh moal bisa mekar.

Ngaran eta wewengkon, Kuta, oge luyu jeung kaayaan alam. Kuta hartina gawir nu jangkung.

Ceuk sakaol deui pangna Kuta teu tulus jadi puseur dayeuh Karajaan Galuh lantaran Prabu Ajar Sukaresi teu mampuh ngajugjug ka lelewek Patang Ngewu Domas nu aya di sabudeureun Kampung Kuta.

Prabu Ajar Sukaresi ahirna netepkeun puseur Karajaan Galuh teh di Karangkamulyan.

Baca Juga: Karaton Karajaan Sukapura kari Waasna, Titinggalna Diteundeun di Museum Alit Luluhur Sukapura

Minangka bukti rek dijadikeun puseur dayeuh Karajaan Galuh di Kampung Kuta kapanggih semen beureum nu ngagugunung sarta ayeuna ngaranna Gunung Semen.

Lian ti eta, aya kapur nu legana saparapat hektar jeung batu tatapakan di Gunung Gede atawa di Leuweung Ageung. Eta kabeh oge cenah tadina bahan bangunan.

Najan teu tulus jadi puseur Karajaan Galuh, ka wewengkon Kuta ngarongheap Ki Raksa Bumi nu ku urang Kuta leuwih dipikawanoh ku sebutan Ki Bumi.

Ki Bumi teh titahan Raja Galuh keur miara atawa ngajaga titinggal Raja Galuh waktu rek ngajadikeun Kuta jadi pusat Karajaan Galuh.

Anu mimiti ngababakan di Kuta teh Ki Bumi nu saterusna jadi kuncen munggaran Kampung Kuta. Kuncen-kuncen Kampung Kuta nu satuluyna oge katurunan Ki Bumi. Kuncen Kuta teh kudu anak cikal jeung lalaki.

Baca Juga: Maluruh Datangna Urang Tionghoa ka Nusantara, Alatan Ngadagoan Angin Loba nu Terus Bumetah di Nusantara

Anu kudu dijaga ku Ki Bumi teh lian ti semen jeung kapur, oge kudu ngajaga punduk domas atawa panday beusi, tempat nyieun pakarang jeung peralatan pangwangunan.

Punduk domas oge panyipuhan tempat nyipuh peralatan perang sangkan komaraan jeung mibanda kasaktian. Kabeh oge ayana di leuweung karamat, Leuweung Ageung atawa Gunung Gede.

Ceuk kaol (versi) sejen anu ngababakan di Kuta ayeuna teh aya sababaraha urang, Ki Bumi, Aki Maerah, Surabangsa jeung Rasipan, kabeh oge katurunan Kasultanan Cirebon.

Tacan jentre naon maksudna Sultan Cirebon ngutus opat urang keur ngababakan di Kampung Kuta.

Kasebutna kampung adat, masarakat Kuta masih tetep tuhu nyekel adat, di antarana teu meunang ngaruksak Leuweung Ageung, malah nyokot pangpung oge teu meunang, ulah nyieun imah ku tembok, jeung teu meunang nanggap wayang, boh wayang golek boh wayang kulit.

Sagala pantrangan di Kampung Kuta teh mun ditafakuran mah taya lian ti keur kapentingan nu nyicingan jeung kapentingan alam katut lingkungan.

Baca Juga: Patilasan Eyang Dalem Arya Kancana di Cibangban Desa Bunter Aya Patalina jeung Prabu Niskala Wastukancana

Imah kudu panggung, apan Kuta mah mah wewengkonna pasir nu tarahal, imah teh bisa disebutkeun seseleke dina tonggong pasir.

Nyieun imah sabisa-bisa ulah ngarobah bentuk beungeut taneuh, ngalelemah rada dipahing lantaran matak ngaganggu kakuatan taneuh.

Ulah ngaganggu leuweung, eta teh keur sasadiaan cai jeung sangkan alam katut lingkungan ulah ruksak. Pangpung nu ulah dicokot, agehaneun mahluk sejen, rinyuh upamana jeung keur gemuk.

Najan kitu, Kampung Kuta lain hartina nolak kana kamajuan jaman. Eusi wangunan imahna mah kawilang geus modern. Alatan listrik geus asup, kulkas, teve, parabola, magic jar jeung barang-barang elektronik sejenna.

Atuh mun peuting caang nebra ku lampu neon nu dipasang di sisi jalan. Nu geus barogaeun motor, mobil oge aya.

Pangeusi Kampung Kuta bisa disebutkeun teu pati gegek. Ieu kampung adat nu legana 97 hektar, kaasup Leuweung Ageung jeung pasawahan 30 hektar, ¬dieusian ku 326 urang tina 138 umpi, kabeh oge ngagem agama Islam.

Pakasaban masarakat lolobana kana tani jeung nyadap, nyieunan gula kawung.

Rebun-rebun keneh, urang Kampung Kuta geus indit ka kebon, naek sigay, ngala jeung naheunkeun lodong dina tangkal kawung. Rada beurang ti paimahan patingselengseng seungit legen atawa lahang nu meh jadi peueut sarta tereh diguis, diaduk-aduk ambeh teu tutung gulana.

Gula ti dieu mah gula kawung asli teu dicampur ku gula kalapa, jeung teu make bahan pengawet deuih;

Kungsi aya nu bere bahan kimia keur ngawetkeun gula, ngarah gulana teu babari leeh. Tapi teu waras (bs wewengkon Ciamis hartina teu jadi) ieuh, gula teh kalah ka baleuy, jeung haseum.

Ti harita urang Kuta ngolah lahang atawa legenna tetep make tata cara warisan ti karuhunna. Nu matak gula ti Kampung Kuta mah kakoncara.

Kasebut masarakat adat, urang Kampung Kuta oge unggal taun ngayakeun upacara ritual: hajat bumi jeung nyuguh, dina bulan Safar tanggal 25.

Hajat Bumi teh syukuran ka Nu Maha Kawasa, dilaksanakeun sanggeus panen, ari nyuguh aya patalina jeung kajadian sejarah jaman ¬karajaan Pajajaran baheula.

Baca Juga: Prasasti Geger Hanjuang Cenah mah Meunang Nyieun KF Holle

Hajat bumi direuah-reuah ku pintonan seni tradisional, seni tayub, gondang, jeung terbang. Hajat bumi dimimitian ku dua urang warga nu nanggung pare ranggeuyan (renggong).

Dibawa jeung diasupkeun saranggeuy-saranggeus kana leuit. Dipirig ku tatabeuhan kesenian tradisional. Di hareupeun leuit sesepuh kampung nyeungeut menyan jeung ngadoa.

Sanggeus pare kabeh diampihkeun, ketua adat nyokot deui pare tina leuit lobana kira-kira beasna meunang 1,5 kilo. terus dipasrahkeun ka ibu-ibu sina ditutu di saung lisung.

Eta beas teh dipake keur nyieun tumpeng keur acara nyuguh, istilah teh -nganyaran, ngasakeun beas anyar, anyar meunang panen nu rasana leuwih ngeunah batan pare heubeul.

Sanggeus asak, tumpengna diasupkeun kana dongdang, ¬ditanggung dibawa ka sisi Ci Jolang. Di tukangeunana ngaleut warga nu mawa kupat jeung endog.

Tepi ka sisi Ci Jolang, dipingpin ku kuncen Leuweung Ageung, warga ngadaro’a. Ti dinya dongdang, kupat jeung endog di bawa ka ¬tengah walungan, ngadaro’a deui.

Beres eta mah, tumpeng, kupat jeung endog teh didalahar. Sesana dibawa balik deui.

Nyuguh teh ngagambarkeun waktu pasukan Pajajaran ngaliwat ka Kuta rek ¬ngajugjug Mataram, sangkan ¬henteu nanaon di jalan ku warga dianteurkeun tepi ka tapel wates. Ngan tacan jentre rek naon pasukan Pajajaran miang ka Mataram.***

 

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler