Sembah Dalem Pangudar, Jujuluk keur RH Pangeran Panji Argaloka, Hiji Pangeran Cirebon, Bagean II

- 21 Februari 2023, 14:30 WIB
Salahsahiji kuncen di makam karamat Sembah Dalem Pangudar/Galura/Aam PS
Salahsahiji kuncen di makam karamat Sembah Dalem Pangudar/Galura/Aam PS /

GALURA – Di lembur Cinangka Desa Mandalasari Kacamatan Cikancung Kabupaten Bandung, aya makam karamat nu katelah Sembah Dalem Pangudar nu kasohor ka mana-mana, nepi ka nu jarahna teu weleh merul.

Perenahna, makam karamat Sembah Dalem Pangudar teh di sisieun jalan, nepi ka nyungsina oge gampil kacida.

Saha ari Sembah Dalem Pangudar? Sihoreng lain jore-jore. Inyana minangka hiji tokoh nu kacida dipikasieunna ku Walanda.

Baca Juga: Nu Jarah ka Makam Karamat Sembah Dalem Pangudar Teu Weleh Merul, Bagean I

Baca Juga: Ka Marongge Sumedang Rea Keneh Nu Jarah, Aya nu Neangan Pelet, Angka Togel, jeung Meunang Gawe

Baca Juga: Jaroh ka Situs Karamat Sunan Pada di Karedok Jatigede

Nurutkeun hiji kuncen di eta makam, Haji Nana, Sembah Dalem Pangudar teh jujuluk keur RH Pangeran Panji Argaloka atawa Saca Wadana, saurang pangeran Cirebon nu geus nyebarkeun Islam di wewengkon Cicalengka jeung sabudeureunana. Tapi dina kahirupanna, kudu ngalaman diudag-udag ku Walanda alan dicuriga rek baruntak.

Kacaturkeun, kira abad ka-18, dina raraga nyebarkeun pangaruh Cirebon jeung nyebarkeun agama Islam, pupuhu Kanoman Cirebon, ngahaja ngutus rundayanana ka wewengkon kulon Cirebon.

Salahsahijina nyatea RH Pangeran Panji Argaloka atawa Saca Wadana nu ngahaja milih wewengkon Cicalengka jeung Cikancung atawa wewengkon Bandung Wetan ayeuna.

Baca Juga: Wisata Kuliner di Kota Bandung, Iga Bakar Si Jangkung jeung Sate Gulai Kambing HM Harris

Awitna, jolna Panji Argaloka teh can gede pangaruhna ka padumuk Cicalengka jeung sabudeureunana.

Samalah, cenah, warga di tempat nu dipilihna teh bangun nu hare-hare. Ngapilainkeun Saca Wadana da puguh jalma anyar datang, nu mibanda basa jeung budaya nu beda jeung urang Cicalengka umumna.

Parandene kitu, eta kaayaan teu ngabalukarkeun Panji Argaloka ngarasula, henteu peunggas harepan. Bari kudu remen pulang anting Cicalengka-Cirebon, inyana tetep narekahan malar udaganana nyebarkeun Islam aya tapakna jeung pangaruh Cirebon sina tembong ti eta wewengkon. Luyu jeung pancen nu dipasrahkeun ku pupuhu Kanoman di Cirebon.

Sabada sababaraha lila, tetela aya hasilna. Masarakat di Cicalengka mimititi ngajenan ka manehna. Angot sabada balarea engueh yen elmi ngeunaan Islamna leubeut kacida. Jabaning Saca Wadana teh harita bisa ngubaran rupaning kasakit lahir jeung batin.

Baca Juga: Perkedel Bondon, Batagor Hanjuang Astina jeung Bubur Ayam Bejo Kosambi, Tilu Wisata Kuliner di Bandung

Nya ti harita, nu guguru ngeunaan Islam ka inyana terus nambahan, juljol ti ditu ti dieu.

Ngan orokaya, mashur jeung gedena pangaruh ka masarakat sajaba ti ka murid-muridna the ngabalukarkeun inyana dicuriga ku Pamarentahan Hindia Walanda.

Walanda curiga, Pengeran Panji Argaloka ngarencanakeun hiji gerakan pikeun baruntak, kawas anu dilakonan ku sawatara pasantren mangsa harita, alatan ceuceub ka Walanda.

Baca Juga: Burayot atawa Ngaburayot, Kuliner Amis Has Garut nu Wangunna Kawas 'Taeun', Kieu Cara Nyieunna

“Margi curiga kitu, Walanda harita ngararancang nyerek Pangeran Panj Argaloka kanggo numpurkeun pangaruhna,” cek kuncen.

Mangsa harita, pangeran Panji Argaloka teh geus netep di Cinangka, arang mulang ka Cirebon. Inyana oge tos nikah ka hiji wanoja di Cinangka.( Nyambung)***

Editor: Aam Permana S


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x